mun kitu mah, jigana, mang dany teh geus rumasa salah ti saprak manehna
munggaran narima ngasaan duit mobil pamareum kahuruan (haha). biasana mun nu
dituduh korupsi terus peupeuleukeuk teu rumasa nepi ka ngajukeun pk sagala
mah da ngarasana ukur meunang hadiah, kadeudeuh, duit leuseuh jsb.


2009/7/1 Kumincir Wikidisastra kumin...@urangsunda.or.id

>
>
> enya, tisaprak dipariksa nepi ka turun vonis kacirina teh ngarumasakeun
> pisan. mudah2an sakabeh anu tumali jeung kasus Danny ieu milu katewak &
> kabuktikeun kasalahanana, di antarana pengusaha buron anu kamari ditewak
> jeung.... jendral purnawirawan hiji deui euy...
>
> 2009/7/1 waluya2006
>
>>   Dany Setiawan urut gubernur Jabar, dihukum opat tahun panjara
>> kulantaran perkara mobil pemadam kebakaran. Dany kabejakeun NARIMA HUKUMAN
>> ETA, manehna henteu banding!. Kuring rada reueus oge ku sikep Dany narima
>> hukuman ieu, leupas tina kasalahanana. Biasana mah jarang pajabat/ urut
>> pajabat nu dihukum kulantaran korupsi langsung narima kana hukuman, tapi
>> terus2an naek banding ...tepi ka kaluar kaputusan MA, malah sakapeung tepi
>> ka PK sagala.
>>
>
>  
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Reply via email to