Padahal ceuk uing mah, kabeneran kuring nuturkeun carita Pa Danny teh.
Manehna mah sabenerna korban sistem bareto tea, si Oentarto Sindung anu
ngaluarkeun Radiogramna teh ngakuna bare ditodong ku pestol pas ngaluarkeun
Radiogram ieu ku si Samuel Daud anu karek katewak kamari tea.
Hal ieu rada memungkinkan, soalna si Samuel Daud teh saencan jd rekanan
Depdagri, manehna Rekanan Dephankam, malah saking deukeutna, mobil pribadi
si Samuel Daud teh nepi ka dipasang Plat Nomer Mobil dines Hankam.

Aktor sabenerna mah ari ceuk uing mah can katewak, si pa Hari Sabarno tea,
da pastina oge manehna nyaho, mun nyaho pastina meunang duit oge. Sugan weh
ku katewakna Samuel Daud, bisa katewak kabeh tah.

Balik deui ngeunaan Pa Danny, kunaon kuring nyebut manehna korban sistem,
bareto teh apanan jaman can jiga kieu, amun kuring dina posisi Pa Danny, anu
meunang radiogram ti atasan, pasti kuring oge nurut kana radiogram eta, da
kalah kumaha oge atasan. Jeung jaman eta mah masih keneh usum sistem2 jiga
perintah ti atasan jiga kitu teh, (ayeuna oge usum keneh sih, ngan tara aya
radiogramna, hehehe). Ngaaaan, nu salahna teh, Pa Danny teh narima duit
"nuhun" ti pengusaha eta. Jadi weh asup gratifikasi tea, tapi kusabab
diluhurna aya unsur penggiringan tender terhadap 1 pemenang, jadi weh lain
pasal gratifikasi asupna, jadi korupsi tea. Kituuww...

Sabenerna mah ayeuna oge usum keneh sistem tender jiga kieu teh, kuring
salaku rekanan Pemda rada apal lah nu kararieu teh, angger weh usaha
penggiringan pemenang msh aya, ngan rapih ayeuna mah.
Ah, geuningan boga gubernur anyar oge teu bisa ngayakeun pengadaan anu
beresih. Malah maranehna marawa pengusaha anyar anu asup jd rekanan, nyaeta
dulur2na, jeung sponsor2na pas Pilgub kamari.

geus ah, loba teuing...

-Bohay-



2009/7/2 ua duq <dudi.herlia...@gmail.com>

>
>
> mun kitu mah, jigana, mang dany teh geus rumasa salah ti saprak manehna
> munggaran narima ngasaan duit mobil pamareum kahuruan (haha). biasana mun nu
> dituduh korupsi terus peupeuleukeuk teu rumasa nepi ka ngajukeun pk sagala
> mah da ngarasana ukur meunang hadiah, kadeudeuh, duit leuseuh jsb.
>
>
> 2009/7/1 Kumincir Wikidisastra kumin...@urangsunda.or.id
>
>>
>>
>> enya, tisaprak dipariksa nepi ka turun vonis kacirina teh ngarumasakeun
>> pisan. mudah2an sakabeh anu tumali jeung kasus Danny ieu milu katewak &
>> kabuktikeun kasalahanana, di antarana pengusaha buron anu kamari ditewak
>> jeung.... jendral purnawirawan hiji deui euy...
>>
>> 2009/7/1 waluya2006
>>
>>>   Dany Setiawan urut gubernur Jabar, dihukum opat tahun panjara
>>> kulantaran perkara mobil pemadam kebakaran. Dany kabejakeun NARIMA HUKUMAN
>>> ETA, manehna henteu banding!. Kuring rada reueus oge ku sikep Dany narima
>>> hukuman ieu, leupas tina kasalahanana. Biasana mah jarang pajabat/ urut
>>> pajabat nu dihukum kulantaran korupsi langsung narima kana hukuman, tapi
>>> terus2an naek banding ...tepi ka kaluar kaputusan MA, malah sakapeung tepi
>>> ka PK sagala.
>>>
>>
>>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>  
>

Kirim email ke