Hehehe....manawi teh sarius....emang rumasa kang, bedegong yeuh.....kudu kumaha 
atuh ari nu bedegong nya...?




________________________________
From: "dudi_m2...@yahoo.com" <dudi_m2...@yahoo.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, 9 July, 2009 1:42:44 PM
Subject: Re:Cenah [Urang Sunda] Soal Udud Deui Bae





Kang Subur, 
Leres pisan peranan  NIAT teh  ageung pisan kana keberhasilan ngudag cita cita. 
Sigana samemeh niat eureun ngaroko, niatkeun heula rek niat  eureun ngaroko . 
Jadi niatna dobel.Mun tos pernah liren ulah satengah satengah. Kedah sakaligus 
liren. Mun masih keneh palay ngaroko ya teu nanaon sundut we rokokna, 
tapi....... waktos nyisepna  kedah dibalikkeun. ... he...he. Heureuy we ieu mah 
kang, bongan akangna bedegong.... he..he

Wassalam
Dudi
Manten tukang rokok nu tos insaf tina ngisaf roko
--- Pada Kam, 9/7/09, subur natapradja <eagle7...@yahoo. com> menulis:


>Dari: subur natapradja <eagle7...@yahoo. com>
>Topik: Re: [Urang Sunda] Soal Udud Deui Bae
>Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
>Tanggal: Kamis, 9 Juli, 2009, 12:53 AM
>
>
>Assalamu'alaikum wr wb
>   Rada formal ahhh...da serius eiu mah yeuh.......
>Sim kuring bade nyuhunkeun tulung ka para sesepuh sareng ka para kuncen anu 
>maos ieu curhat sim kuring, nyaeta ngeunaan ngarokok keneh, ngan abdi 
>percanten ka wargi2 sadayana, tos langkung luas pangarti na tur pangalaman 
>nana, numawi kitu abdi nyuhunkeun tulung manawi aya cara anu hade kanggo abdi 
>liren tina kacanduan ngarokok, soalna masalah na teh gening dina ' NIAT ', cik 
>susuganan aya cara kumaha manjegkeun NIAT sangkan kuat, keun weh teu sakaligus 
>oge, atuh ngirangan2 tina ngarokok na, ari anu janten masalah, cara abdi 
>ngarokok aya alus tur aya goreng, cing sugan aya jalan kanggo miceun anu 
>goreng na....caritana kieu palawargi.
>1......Sim kuring ngarokok tos aya kana 30 thn na, ngan aya 
>alusna....kabiasaan sim kuring ti baheula na, kudu ngisep rokok teh di 
>barengan ku nginum anu matak seger kana tikoro, jadi uapmi teu aya cai mah 
>sanajan geus 6 - 7 jam atawa kadituna sapoe jeput siga sasih ramadhan, 
>alhamdulillah teu kabita ku rokok, saeutik oge sanajan aya hareupeun tur 
>katingali, teu  ngaraos kabita saeutik oge da tikoro garing, tur geus kasawang 
>weh dina pikiran ge, yen embung da mun ngarokok ge moal nikmat. eta alusna 
>kuring bisa eureun selama teu aya cai.
>2.........ari goreng na, nyaeta sabalik na, mun aya cai komo aya kopi mah, 
>kuring teu bisa ngajauhan tina rokok,da ngaraos seger tea, jadi kudu atawa 
>ceuk hate sorangan mah asa di wajinkeun kudu aya udud, da eta weh, kajeun teu 
>nginum lamun euweuh rokok, da asa kasiksa mun geus tikoro seger tapi teu aya 
>rokok, mendingan keneh teu aya sangu rarasaan mah, da piraku ari ulah nginum 
>mah onggal pabeubeureang, sedengkeun loba minum teh apanan di anjurkeun demi 
>kasehatan.
>  Sabenerna mah sim kuring ge ngarasa kasiksa ku pamolah sorangan tur heuras 
>jeung bantangul ieu hate teh , sabab teu enjoy ( puten teu terang sunda anu 
>tepat na ) siga batur anu teu ngarokok, kuring teu bisa karestaurant atawa ka 
>gedong2 naon bae anu teu bisa ngarokok, sigana sanajan di undang ku mentri oge 
>lamun kudu lila di jero gedong na, tur di sadiakeun makanan jeung minuman anu 
>narikmat, sim kuring mugen heula alias mikir 3x, da kasiksa atuh mun teu bari 
>udud mah..
>   Cik ka para pupuhu anu tos luas pamandangan dina nangtukeun cara anu hade 
>kanggo simkuring, insya Allah ka-angge atanapi henteu ku sim kuring  bade di 
>jantenkeun pedoman ( naon nya sundana )kanggo sim kuring, mudah2an aya 
>manfa'at na tur janten amal ka saha bae anu tiasa  mairan ka sim kuring, 
>amiin......
>   Da ari ku do'a hungkul mah teu mujarab wae gening, da emang rumasa kedah 
>dibarengan ku kayakinan jeung niat anu kuat, tah ngedalikeun NIAT ieu, kumaha 
>nya carana...??? ????
>hatur nuhun sateucana na sareng mugia janten amal kasaean ......
>Atuh bilih ka para sesepuh ngaraos bosen, masalah rokok deui , rokok deui, 
>sawios teu kedah di waler, da ieu mah namina ge curhat mamanawian aya nu 
>kersa  nga gubris.
>
>Wassalam
>K Nata
>
>
>
>
________________________________
From: H Surtiwa <surt...@gmail. com>
>To: urangsu...@yahoogro ups.com
>Sent: Thursday, 9 July, 2009 7:56:38 AM
>Subject: Re: [Urang Sunda] Soal Udud Deui Bae
>
>
>lamun urang hayang uereun ngaroko..tapi dina pipikiran masih tradisionil. yen 
>ngaroko teh ngaruksak kasehatan (masih pro jeung kontra) ...ngaganggu batur 
>(biasana paduli teuing atawa m3emang biasa ngaganggu0.. pasti moal 
>hasil..alias moal eureun...Eta mah kedah ti lebet jero hate anu nyinggung 
>harga diri..(ieu ceuk patunjuk psikolog). proklamasikeun wae dina hate 
>sapertos kieu ;
>
>" Uing lalaki, lalaki US mun teu bisa eureun ngaroko uing teu bisa 
>dibanggakeun ku anak pamajikan, uing keok, uing pecundang ceuk urang Malaysia 
>mah". Emut2 wae ieu niat teh saatos shalat subuh unggal dinten. Insya Allah.
>
>
>2009/7/8 Moch Dachman Maman <maman.mochdachman@ yahoo.com>
>
>
>>
>>
>>
>>Aya hikmahna geuning, ti satutasna Kang Irpan ditajong ku Kuncen, rabeng 
>>malah meh napuk carita jeung kahayang nu bisa ngeureunan tina ngaroko, malah 
>>unggal nu ngaroko jigana geus apal pisan, naon jeung kumaha strategi pikeun 
>>ngeureunan ngaroko, lantaran ti baheula mula strategi eureun ngaroko geus rea 
>>ditulis, boh ku para dokter jeung ti para ahli kasehatan jeung ti nu tadina 
>>nyandu roko nepi ka bisa ngeureunan ngaroko, eusina wungkul matak pikabitaeun 
>>nu sok ngaroko.
>>Abah teu kaasup nu sok ngaroko, tapi aya pangalaman dina hirup kumbuh sapopoe 
>>anu dina bilangan umur mah geus cueut kahareup, geus lingsir ngulon memang, 
>>di Tegallega di Bandung, selang sapoe mah sok ngahajakeun ngadon jalan kaki, 
>>lima kuriling rata-rata, sakuriling Tegallega teh nepi ka ayeuna ku Abah 
>>diitung rata-rata 17,5 menit can pernah kurang ti eta, mun rata-rata lima 
>>kuriling Tegallega, jadi kurang leuwih sajam satengah lah dibuleudkeun. Anu 
>>lima kuriling teh ukur leumpang teu make nyigcrig sagala rupa, teu kaasup 
>>jalan cepat deuih, ngan ukur mampu sakitu. Leumpang ngan rada rusuh meureun 
>>ngaranna.
>>Lagu reureuh bari nyangsaya teh sok ngahaja ngambeng goreng sampeu...... 
>>singkong keju tea geuning, ni’maaat..... ....... teh, tah waktu keur reureuh 
>>eta sok gepyak ngadarongeng jeung sasama nu keur pada-pada istirahat. Di 
>>antarana aya orang Tionghoa duaan, basa Sunda-na nyunda pisan, ngakukeunana 
>>mah urang Jl. Haji Basar, di daerah Jln. Kebon Jati, bari nanya ka Abah make 
>>ragam hormat, urang Sunda kitu-kitu wae mah, matak era parada mun merhatikeun 
>>manehna nanya, ti lentong jeung ucapan leuwih nyunda ieu mah. 
>>”Dupi Bapa sabaraha yuswa ?”
>>”Lima puluh dalapan ...” Cekeng teh
>>”Abdi genep puluh tujuh taun, janten kolot abdi meh sapuluh taun nya ?” Ceuk 
>>manehna bari tuluy nanya deui ”Sabaraha kuriling biasana Bapa mapah didieu ?”
>>”Lima kuriling. Kitu ge ukur we leumpang”.
>>”Sami sareng abdi, mung pedah abdi unggal dinten kadieuna, rata-rata teh 
>>genep kuriling, pedah abdi mah tilu kuriling mapah, anu tilu kuriling deui 
>>bari lumpat, istirahat weh didieu, tah sareng ieu rerencangan abdi ti 
>>bubudak”. bari nunjuk baturna. 
>>”Cik..cik... kumaha eta teh palakiahna, bisa sehat kitu ?” ceuk Abah teh 
>>panasaran
>>”Hoyong terang palakiahna, tah ku ieu ..... Pa !” bari kusiwel ngaluarkeun Ji 
>>Sam Soe tina pesakna, bari tuluy diseungeut kituna teh, ngahaja diudud, 
>>hareupeun Abah.
>>”Ah ..... nurustunjung. .. ” Ceuk Abah teh.
>>”Henteu nurustunjung Pa, ilmiah ieu mah, mun abdi henteu udud, moal kuat 
>>lumpat sakuriling Tegallega ge, lantaran naon ? Nu eureun ngaroko biasana 
>>kana barang tuangna ngagalaksak, kana peremen maceuh, matak tong aneh nu 
>>liren ngaroko awakna sok ngadak-ngadak ngalintuhan, kawas kenging niup mun 
>>balon mah, mun awak ngalintuhan moal-moal acan tiasa lumpat, komo make lima 
>>kuriling Tegallega, sakuriling ge moal kiateun, jigana, nu matak abdi jeung 
>>babaturan ieu teu pernah eureun ngaroko.. Jadi sabenerna mah teu kudu 
>>dilarang-dilarang ku pamarentah sagala urusan ngaroko mah, soal cetek nu kitu 
>>mah, pamarentah loba keneh uruseunana, soal udud mah kumaha dirina 
>>masing-masing, hayang ngaroko pek, henteu oge pek teh teuing, karepna ieuh”
>>Abah mikir bari balik, enya kitu......... . 
>>Hareneg kudua-kutilu, kahiji eta urang Tionghoa, basa Sundana estuning 
>>pujieun lain heureuy, taya codekana, beres entep seureuhna, na ari urang ? 
>>urang Sundana, nu dipake teh nu garihalna we wungkul,
>>Kaduana, soal ngaroko, enyaa kitu .....? bungkusan goreng sampeu mah 
>>tinggaleun, kapopohokeun.
>>
>>============ ========= ========= ==
>>H.Maman Moch Dachman. 
>>Jl. Margajaya V. No. 5
>>Bandung - 40224
>>visit; 
>>maman.mochdachman@ gmail.com
>>http ://abahbandung. blogspot. com
>>============ ========= ========= ==
>>
>>Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang! 
>>http://id.mail. yahoo.com
>>
>
>________________________________
Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere. Show me how.  

________________________________
Apakah demonstrasi turun ke jalan itu hal yang wajar? 
Temukan jawabannya di Yahoo! Answers! 



      
____________________________________________________________________________________
Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere.
Show me how: http://au.mobile.yahoo.com/mail

Reply via email to