Tah geuning....
Kaleresan pun adi nu di Jatim kamari naroskeun, "Aya nu bisa manggambarkeun 
imah teu? tapi nu alus jeung murah?"... kituw. InsyaAllah taun 2010 bade 
kuriak, tapi masih keneh ngemutan gambarna. Anjeuna tos babahanan sabangsaning 
kai, kenteng & rangka beton (da nerekel wae hargana). Ku abdi teh disarankeun 
"rumah tumbuh" da modalna pas-pasan.
MJ, sing leres atuh nga-regakeun teh... sa ONH eun mah bisa-bisa bapa satar 
buleneng yeuh...heheeh...

ro2


>>> ja...@itenas.ac.id 07/15/09 04:27PM >>>


haha..sami kang, abdi ge da di komplek. Namina grahapuspa tea, nu aya café 
sapulidi makan di sawah. Kaleresan di gunung, jadi teu pati payu. Seueur 
kavling kosong keneh. Sok di ala jukutna ku batur, kanggo tuang sapi saurna teh 
hehe.
di komplek ieu mah, sarupaning kabel listrik & telepon, dialirkeunana dibawah 
tanah, nurutan cacing sigana.  Alhamdulillah, kuriak teh rengse, sapotong. 
Bumina ge anggeus sapotong, gambarna dua lantey, jadina salantey. Tekors. Hehe.
Gambarna di facebook ieu:
 
http://www.facebook.com/profile.php?id=1438907396&ref=name#/photo.php?pid=375285&id=1438907396
pagerna, model transmigran we, ku awi. Tadina moal dipager, ngan payuneun bumi 
miara anjing ras seueur, jualeun. Barudak sarieuneun. Di pager we.
Sakantenan pakepuk ku cicing, yeuh*
ka baraya kusnet, nu bade ngadamel bumi, heug peryogi gambarna, mangga ka si 
kuring. Kaci japri ka ja...@itenas.ac.id
dongengkeun we, ukuran kavlingna, arahna ka mana, peryogi kamar tidur sabaraha 
puluh, kamar mandi, jrrd.
nu parantos di wangun teh bumina kang Hermawan Aksan, wartawan Tribun Jabar, di 
Bumi Ayu Brebes.
Gambarna aya di facebook, photo, my design, nami bumina Pitaloka. 
http://www.facebook.com/album.php?aid=22908&id=1438907396#/photo.php?pid=381113&id=1438907396
Di ngaranan kitu, sakadang mieling jasa kang Hermawan Aksan nyerat novel carita 
Dyah Pitaloka,
Asana, judulna Langit Mendung di Majapahit. Nya nyaritakeun lalakon Dyah dina 
perang bubat, novel terusna, Gajah Mada musuhku.
Carita adina Dyah Pitaloka nu rek males pati ka Gajah Mada*jst.
Biaya ngagambarna? Ah siga ka saha bae*nya ku ONH oge kaci. Haha

Kirim email ke