Hehe. Nu alus jeung murah? Sigana tiasa. Sanaos agama si kuring mah, artos
tara bohong- money never lies. Hehe.

 

Pangaos gambarna mah, teu langkung. Ku tiasa ngadegna oge si kuring tos
ngiring bingah amarwata suta. 

Tarif gambar desain (design fee) si kuring teu kaiket ku standar IAI atanapi
HDII (nu ieu orhanisasi profesi nu si kuring miluan), komo ku WTO atawa GATT
mah. Haha

 

Ieu mah ngan FYI

Sacara profesi mah, design fee the antara 6-15% gumantung ageung alitna
proyek. Beuki ageung pangaos ngawanguna, beuki alit prosentaseu fee design.

 

Rupi-rupi tarif si kuring mah. Aya nu cekap ku nuhun, aya nu ku marlboro dua
bungkus, di traktir di café, lima puluh rebu, saratus rebu, sajuta, dugi ka
aya nu masihan 25juta. Nu pendeuri ieu mah jaksa kejati-kejari ayeuna ngalih
ka kebon jagung caket blok m sareng salah saurang gm operator seluler.
Gambarna ge dugi ka 20an lambar.  

 

Sanaos ku nuhun, ari waragad bumi mah nya keukeuh saratus dua ratus juta.
Haha. Etangan kasar, 1m3 wangunan, waragadna Rp 2 juta - 3juta, gumantung
kelas kualitas matrial.

 

Sacara prinsip, bumi cekap ku gambar denah sareng tampak depan (raray,
fasade), atanapi ku perspektifna. Tukang bas nu jagoan mah tos tiasa
ngawangun ku kitu ge. 

Tah nu ditawiskeun si kuring mah nu ieu bae, denah sareng perspektif.
Kaleresan ayeuna rada nuju bosen ngetik da lieur (disertasi) novel mah ke
sakedap deui medal ngadopsi ti skenario film The Tarix Jabrix 2. Ayeuna
nuju resep ngagambar, ngangge program Archicad (asli, student version).

 

Ari renovasi atanapi ngadamel raray/fasade wangunan mah kedah aya foto
payuna, sareng gambar denah bumina heula. Supados atra. Ke bilih rarayna
tukul, ari bodi manohara. Punten sanes ngahina tukul, mung ukur conto.
Ongkoh da tukul mah beungharna teh ngandelkeun rarayna. Haha.

 

  _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of Roro Rohmah
Sent: Wednesday, July 15, 2009 4:59 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: bilih peryogi gbr bumi RE: [Urang Sunda] Ngadu LANGLAYANGANEuy!

 






Tah geuning....

Kaleresan pun adi nu di Jatim kamari naroskeun, "Aya nu bisa manggambarkeun
imah teu? tapi nu alus jeung murah?"... kituw. InsyaAllah taun 2010 bade
kuriak, tapi masih keneh ngemutan gambarna. Anjeuna tos babahanan
sabangsaning kai, kenteng & rangka beton (da nerekel wae hargana). Ku abdi
teh disarankeun "rumah tumbuh" da modalna pas-pasan.

MJ, sing leres atuh nga-regakeun teh... sa ONH eun mah bisa-bisa bapa satar
buleneng yeuh...heheeh...

 

ro2

 

Reply via email to