Heemmmmmm.....!!!! bari gegetret teu ateul.....hehehehe hulenggggg...sim kuring ngahuleng sakedap......??? naha jadi aya ulangan ieu teh...? anu tadi na nyungkeun elmu ti anu lian, kalahkah jadi kudu mikir....hahahha...tapi teu sawios, etang2 nambihan kabisa,nuhun nuhun.... susuganan kacandak rada2 pinter atuh ari di pasihan ulangan mah.....yihhhaaaa....testing euyyyyy....... Ceuk pamendak sim kuring, di antawis 6 baris teh, dibagi 2 bagean. Grup 1: nyaeta baris ka 1. Grup 2: nyaeta baris ka 2,3,4,5 sareng 6.
Pamendak sim kuring anu baris ka 1, mau tidak mau pihak kedua dirugikeun sanaos teu sacara langsung, contoh na di nagara urang , jalmi anu ngalakukeun korupsi tina kas negara, apanan eta teh artos bangsa/rakyat, janten jelas yen pihak kadua di rugikeun Ari baris ka 2,3,4,5 sareng 6, anu tangtos pihak ka hiji eta mah rugel dunia akherat, da ari pihak kadua mah, salami teu kapangaruhan atawa kababawa ku pihak ka hiji tangtos saralamet tina sifat2 eta, janten cindek na, tukang ka istri, pornografi, kored, ngariba sareng awon akhlak na, eta mungkin tiasa mangaruhan batur atanapi mungkin juga tidak, janten anu 5 baris ieu anu tangtos sami masalah na sareng pelacur .....tapi pelacur anu di maksad ku k nata, sanes pelacur anu di dongengkeun ku kang Giribig, Cihuuuyyyyyyyyyy...kajawab euyyy...sok peunteun atuh kang.....omat ulah di lepatkeun nya, mun lepat ge , lereskeun weh lah da bageur meh tambah atoh si kuring na......hhehehehhehe. Wassalam K Nata ________________________________ From: Limbad Master <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, 23 July, 2009 9:16:27 AM Subject: Re: [Urang Sunda] TEGAL LEGA MERE CIMATA bade ngiringan ngalungkeun eupan ah bah Nata, upami kieu : - Sholat, puasa, haji tapi KORUPSI - Sholat, puasa, haji tapi maen ISTRI - Sholat, puasa, haji tapi reseup PORNOGRAFI - Sholat, puasa, haji KORED, MEDIT - Sholat, puasa, haji tapi NGARIBA - Sholat, puasa, haji teu amis BUDI - jsjb emutaneun. hatur salam, Jaka Dirgantara. (ieu duanana sami oge ngalacur, nya..da ngical galeh harga diri oge) ________________________________ From: subur natapradja <eagle7...@yahoo. com> To: urangsu...@yahoogro ups.com Sent: Wednesday, July 22, 2009 3:38:45 PM Subject: Re: [Urang Sunda] TEGAL LEGA MERE CIMATA Sok lah ka para kuncen sareng ka para sepuh, pasihan masukan perkawis anu kararieu, soalna ieu teh aya sangkut paut na sareng agama, janten peryogi kangge masukan urang2 sadayana.... ....ari komentar ti simkuring mah ngeunaan bahasan ti kang Arif kieu ....... Barisan anu ka 1,2 sareng 3, sim kuring teu satuju, sabab sacara langsung eta mah jelas2 ngarugikeun batur, jadi keur mah susah terus ngarugikeun batur deuih, jadi salah 2x, ....( ceuk sim kuring nu bodo ) Ari barisan anu ka 4 sareng ka 5 mah, eta mah mung ngaruksak martabat sareng akhlak pribadi, sanajan eta teh jalan na haram ( sadayana ge tos terang ) mung kujalaran kapaksa demi melanjutkan kehidupan, kitu oge mun leres2 tos mentok estuning mentok kabina-bina teu aya jalan anu sanes, sistem ieu sami sareng babi oge anu haram kenging di tuang ari tos teu aya-aya teuing pisan mah anu tiasa di tuang atanapi kanggo obat. Tapi duka ketang nya kang, da eta mah mung pikiran sim kuring anu ngan saukur salembar atawa dua lembar terang na agama teh, duka tah engke geura aya masukan ti para kuncen atanapi ti sesepuh anu tos langkung jero ilmu sareng pangalaman nana........ Sok ah para dulur sadayan, pasihan simkuring masukan, kanggo bekel hirup supaya rada kacaangan... .. nuhun sateuacan na.... K Nata ________________________________ From: arif ramdlan <riframadlans@ yahoo.com> To: urangsu...@yahoogro ups.com Sent: Wednesday, 22 July, 2009 2:10:23 PM Subject: Re: [Urang Sunda] TEGAL LEGA MERE CIMATA kumaha lamun kieu ; punten ngangge bahasa Indonesia "Anah Mencuri Untuk Beli Susu Anak" "Jual Ganja Untuk Sekolahkan Anak" "Kebelit Utang, Ngutil di Super Market" "Ngalacur, Sabab Miskin" "Ngalacur, Sabab hese gawe?" --- On Tue, 7/21/09, Aldo Desatura ™ wrote: tah kumaha atuh... da ayeuna mung urang ningali profesi sarupaning kiyeu sok we loba jalma nu langsung nyemooh.... padahalmah.. . encan tangtu.. manehna nu nyemooh teh leuwih luhur budi pekertina tinu di cemooh... ________________________________ Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere. Show me how. ____________________________________________________________________________________ Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere. Show me how: http://au.mobile.yahoo.com/mail

