Nuhun waleran nana kang, katampi pisan, mung punten bilih lepat sim kuring 
sanes di Surabaya kang,
Kaleresan nuju milarian padamelan di Perth ( west australia )
Wilujeng tepang kang Rusdi.

K Nata




________________________________
From: rusdi yunus <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, 22 July, 2009 8:50:51 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] TEGAL LEGA MERE CIMATA

  
duh..... enyaan meni kagagas pisan. 

bade mairan ti kang arif: 
pengemut pribados sagala perkawis eta pasti aya jalan kaluar-na mung rupina 
dugi kadanget iyeu masih keneh poekeun duka iraha - duka irahana mung pasti 
kapanggih pi jalaneunana salagi urang sareng para pejabatna tos aya tekad anu 
buleud.
simkuring kurang satuju ngenaan bahasan ti kang arif. 

"Anah Mencuri Untuk Beli Susu Anak"
"Jual Ganja Untuk Sekolahkan Anak"
"Kebelit Utang, Ngutil di Super Market"
"Ngalacur, Sabab Miskin"
"Ngalacur, Sabab hese gawe?"

margi kangge ngahapus kabathilan kedah ngangge jalan anu leres sanes anu 
mungkar.
pan teu sae supados kenging pahala miara anak yatim kedah ngabunuh ramana 
heula-mah.
anu peryyogi di tekenkeun kaaranjeunna nyaeta "kesadaran" margi sok sanaos 
dipasihan artos sagudang pami teu aya kasadaran ti jinisna rupina moal kersaeun 
kangge ngantunkeun profesi anu salami iyeu jalankeun. nagnging pami tos aya 
kasadaran ti pribadina sok sanaos sangsara ( serba kakirangan ) masih mendingan 
janten pemulung tibatan kedah ngajual diri janten pelacur.

tos aya contona di televisi seorang ibu tua anu janten tukang pungut plastik 
demi seorang cucu kangge meser susuna.

punten ka kang arif mugia teu janten bendu.... 
ka abah subur natapraja haturan wilujeung abah..... kumaha surabaya panas teu 
ayeuna..?


 wassalam:


Rusdi Yunus
Rakyat subang gotong royong subang maju 




________________________________
From: subur natapradja <eagle7...@yahoo. com>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Wednesday, July 22, 2009 15:38:45
Subject: Re: [Urang Sunda] TEGAL LEGA MERE CIMATA

  
Sok lah ka para kuncen sareng ka para sepuh, pasihan masukan perkawis anu 
kararieu, soalna ieu teh aya sangkut paut na sareng agama, janten peryogi 
kangge masukan urang2 sadayana.... ...ari komentar ti simkuring mah ngeunaan 
bahasan ti kang Arif kieu .......
Barisan anu ka 1,2 sareng 3, sim kuring teu satuju, sabab sacara langsung eta 
mah jelas2 ngarugikeun batur, jadi keur mah susah terus ngarugikeun batur 
deuih, jadi salah 2x, ...( ceuk sim kuring nu bodo )
Ari barisan anu ka 4 sareng ka 5 mah, eta mah mung ngaruksak martabat sareng 
akhlak pribadi, sanajan eta teh jalan na haram ( sadayana ge tos terang ) mung 
kujalaran kapaksa demi melanjutkan kehidupan, kitu oge mun leres2 tos mentok 
estuning mentok kabina-bina teu aya jalan anu sanes, sistem ieu sami sareng 
babi oge anu haram kenging di tuang ari tos teu aya-aya teuing pisan mah anu 
tiasa di tuang atanapi kanggo obat.
Tapi duka ketang nya kang, da eta mah mung pikiran sim kuring anu ngan saukur 
salembar atawa dua lembar terang na agama teh, duka tah engke geura aya masukan 
ti para kuncen atanapi ti sesepuh anu tos langkung jero ilmu sareng pangalaman 
nana........
Sok ah para dulur sadayan, pasihan simkuring masukan, kanggo bekel hirup supaya 
rada kacaangan... ..
nuhun sateuacan na....

K Nata




________________________________
From: arif ramdlan <riframadlans@ yahoo.com>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Wednesday, 22 July, 2009 2:10:23 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] TEGAL LEGA MERE CIMATA

  
kumaha lamun kieu ; punten ngangge bahasa Indonesia

"Anah Mencuri Untuk Beli Susu Anak"
"Jual Ganja Untuk Sekolahkan Anak"
"Kebelit Utang, Ngutil di Super Market"
"Ngalacur, Sabab Miskin"
"Ngalacur, Sabab hese gawe?"

--- On Tue, 7/21/09, Aldo Desatura ™ wrote:

tah kumaha atuh... da ayeuna mung urang ningali profesi sarupaning kiyeu sok we 
loba jalma nu langsung nyemooh... padahalmah.. . encan tangtu.. manehna nu 
nyemooh teh leuwih luhur budi pekertina tinu di cemooh...

________________________________
Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere. Show me how. 
________________________________
New Email names for you! 
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does! 



      
____________________________________________________________________________________
Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere.
Show me how: http://au.mobile.yahoo.com/mail

Kirim email ke