Bari nyambung deui tina transformer.

Aya hiji komik/anime Jepang anu sae pisan sanajan ari dina film kartun na mah 
seueur bak buk garelut (bumbu ramena kanggo barudak).

Ieu komik eusina dimimitian ku dongengna pirate. 
Nyen pirate teh hiji konsep baheula mah henteu sajahat jiga dongeng dunia 
barat. Biasa konsep konspirasi.

Dina sajarah dunia, baheula islam nyebar ti africa utamina dibenci pisan ku 
urang barat (1400an). Dunia jaman penaklukan dunia baru, nu ayeuna ayeuna rame 
yen nu mendakan dunia baru teh China sanes eropa. Tah dongenngna aya dina one 
piece. (da Jepang ge kalebet dina ekspedisi dunia).
Dina jaman dunia kacau balau ceuk urang barat. Pirate kedah di basmi. 

Logo pirate jaman harita (seuseurna urang muslim nu jadi pirate), logo 
tengkorak teh logo wani ngarungan dunia dugi ka maotna, da kusabab teu aya nu 
apal iraha balikna deui ka kampung halaman. Ku konsep konspirasi dunia, di 
balilkeun jadi jahat.

Dina sajalan caritaan anime/komik, urang diajak ka legenda2 dunia, anu mana 
ayeuna ayeuna kapendak ku para arkeolog. Dina legenda dunia mayan, abalastain 
(arab), rusia jeung seeur rea deui. 

Nu janten pertanyaan saha nu nulis carita ieu sareng pesen naon nu bade 
didugikeun ka barudak, ka urang2 di dunia lain....soal sajarah dunia.
Sami sareng pesen transformer......


      

Reply via email to