kang obay oge nu baraya lianna, masalah eu jeung e oge kungsi kapanggih
sababara kali di dieu, di bogor. utamana mun aya hubunganna jeung kampung
sindang barang (haha di tempat sejen mah can kungsi manggih). baheula basa
situs kampung budaya sindang barang
(kbs--http://www.kp-sindangbarang.com/) mimiti
ngajomantara, di kaca bubuka aya pangjajap: 'wilujeung sumping', terus upama
kuring nganjang ka eta kampung budaya, urang bakal manggihan hiji wangunan
di gigir imah gede dijudulan 'girang seurat'. kecap 'wilujeung' salian
kungsi kawenehan di situs kbs, oge kungsi nembongan basa kuring nemonan
pangondang ustad yadi, urang sindang barang oge, nu nyunatan anakna, geus
jadi kabiasaan pan di tempat nu kitu sok naplokeun kecap pangbagea, di imah
ustad yadi ge aya, ngajeblag dina tembok luar imahna nu geus diiuhan
balandongan ''wilujeung sumping' cenah.
hal ieu kungsi jadi pertanyaan kuring, jeung nu kungsi ngajawab nyaeta kang
hendra m. astari, ti majalah basa sunda balebat. cek kang hendra mah, nu
urang bogor asli, dina masalah 'wilujeung' eta teh masalah salah tulis,
sedengkeun upama 'seurat' mah nurutan nu aya di kanekes. nu jadi pertanyaan
salajengna, naha salah tulis 'wilujeung' nepi ka dua kali di kampung nu
sarua (sindang barang)?

d

2009/8/26 Obay tea <obay...@hotmail.com>

>
>
> Baraya, kuring kamari ngaliwat Jl. Cipete Raya, Jaksel anu brasna notog ka
> jalan Fatmawati. Di beulah kencaeun jalan aya restoran ngarana "Kabayan",
> geus tangtu eta restoran sunda. Kuring seuri koneng maca spanduk anu
> ngajeblag dihareupeun restoran: "Wilujeung" Ramadhan.
> Sigana ngarah katingali nyunda, wilujeng oge ditulisna jadi wilujeung (asa
> manjangan beuheung macana ge).
>
> Teuing salah ngalarapkeun atawa geus ngetren yen "eu" teh indentik jeung
> sunda, kadieunakeun kuring loba manggihan kecap "e" robah jadi "eu".
>
> Salah sahiji contona iklan bank bukopin di tipi:
> "BMW-nya.....??"    "Teuteup......!!"
>
> (Heueuh cikup di teuteup-weh, da dibere mah moal....he..he..he..)
>
> Obay.
> ~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong....~
>
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke