Jadi bisa janten atuh pami kitu mah bahasa <sunda contona> jadi komoditas
<nilai jual>, salah sahijina bisa jadi restoran ceuk kang Jay tadi.  Tapi
mun enya teh teu nanaon sangkan leuwih loba anu tiasa bahasa sunda <asal
leres>,.   Asal ulah ke ku bangsa deungeun diaku, cenah bahasa sunda teh
asalna ti nagara manehna <jiga angklung>, abdi teu rido pisan mun enya teh 

 

 

Ii Sumirat

Diajar keneh bahasa sunda

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of jay_tukangkompor
Sent: Wednesday, August 26, 2009 11:02 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Re: E jeung EU (deui).

 

  

Najan "Kabayan" teh restoran sunda, tapi angger we 
para "petugas"na mah mamalayuan nyaritana. 
Diajak nyarita basa sunda ge kalah ka sura seuri 
bari tinglalieuk jeung pada baturna. 

Tapi soal spanduk nu salah kecap mah, bisa we nu mesen-na
salah, atawa memang tukang spandukna nu salah..

-Jay-

--- In urangsunda@yahoogroups.com <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> ,
Obay tea <obay...@...> wrote:
>
> 
> Baraya, kuring kamari ngaliwat Jl. Cipete Raya, Jaksel anu brasna notog ka
jalan Fatmawati. Di beulah kencaeun jalan aya restoran ngarana "Kabayan",
geus tangtu eta restoran sunda. Kuring seuri koneng maca spanduk anu
ngajeblag dihareupeun restoran: "Wilujeung" Ramadhan.
> 
> Sigana ngarah katingali nyunda, wilujeng oge ditulisna jadi wilujeung (asa
manjangan beuheung macana ge).
> 
> 
> 
> Teuing salah ngalarapkeun atawa geus ngetren yen "eu" teh indentik jeung
sunda, kadieunakeun kuring loba manggihan kecap "e" robah jadi "eu".
> 
> 
> 
> Salah sahiji contona iklan bank bukopin di tipi:
> 
> "BMW-nya.....??" "Teuteup......!!"
> 
> 
> 
> (Heueuh cikup di teuteup-weh, da dibere mah moal....he..he..he..)
> 
> Obay.
> ~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong....~
> 
> 
> 
> 
> __________________________________________________________
> Share your memories online with anyone you want.
>
http://www.microsoft.com/indonesia/windows/windowslive/products/photos-share
.aspx?tab=1
>



Kirim email ke