Panginten kedah dianteur ku manukna, supados ulah kabelejog, abdi mah kapungkur 
kaleresan, rerencangan kenal sareng manukna, alhamdulillah kantos ngaraosan anu 
masih haneut keneh, henteu sapertos anu di Bandung tos haseum. Saurna anu 
maksad kuda liar didieu teh, kuda piaraan tapi hirupna dilepas dilapangan, 
henteu dikandangan.
Upami teu lepat, aya deui nu khas didieu teh nyaeta madu bodas jeung tempat 
nginum sabangsa complong dijieun tina kai. Tah ieu complong oge mun dieusian ku 
cai herang panas, cenah caina diinum bisa dijadikeun obat kuat, rasa caina pait 
pisan saperti bratawali. Teu beda jigana kaina teh saperti kai pasak bumi di 
balikpapan/kalimantan. Mangga cobian, kade madu bodas anu asli mah, upami 
disimpen dina botol ulah pinuh pisan, bisi ngabeledag.
     




________________________________
From: Paguyuban Sabilulungan <paguyubansabilulun...@yahoo.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, August 27, 2009 11:54:20 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa

  
Mang Jamal

Hatur nuhun parantos dibageakeun.
Nyaeta atuh, pang-pangna mah kabongroy ku susu
kuda liar. he...he...he. ....geuning di tatar pasundan seueur anu
ngical dugikeunka awis pisan pangaosna teh.  saurna landong itu-landong ieu.
naha ari didieu bet hese pisan.. ari di dongdon ka urang dieu, majarkeun teh,
"hese anu asli mah, upami seueur mah paling oge susu munding" 
duka leres henteu na mah. wallohualam bi sawab

Yakub
Paguyubansabilulung an Sumbawa


 



________________________________
From: mj <ja...@itenas. ac.id>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Thursday, August 27, 2009 12:22:22 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa

  
Bagea, aya USS deui yeuh. S tukangna Sumbawa . Nu kapungkur mah, USS, s panderi 
teh, senior alias aki-aki. Hehe
 
Wilujeng tepang baraya di sumbawa, nusa tenggara timur nya, baheula mah bagean 
ti sunda kecil tea.
 
Bral US , miang kamana mendi, kabeh ge bumi nu pangeran. Ngumbara nyacapkeun 
kawani kaludeung, neangan nu euweuh.
 
 
Mang jamal
Kuncen#3 bandung
Ngumbara ti galuh ka bdg “J
 

________________________________

From:urangsu...@yahoogro ups.com [mailto: urangsu...@yahoogro ups..com ] On 
Behalf Of Paguyuban Sabilulungan
Sent: Thursday, August 27, 2009 11:08 AM
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa
 
  
sampurasun 
 
Punten ngiringan sakantenan bade waleh nepangkeun kasadaya 
 kuring saparakanca didieu rupi-rupi.aya anu ti garut, tasik, kuningan, 
Banten, Bogor Alhamdulilah sagala aya.
kuring sadaya nuju ngumbara di Pulau sumbawa seueur madu 
sareng susu kuda liar didieu mah. 
 
Bade nambihan sakedik:
complong mah cangkir alit kanggo eueut.
Upami Tenong atanapi tetenong tempat katuangan bentukna silinder pendek + 10 cm 
jangkungna
ageungna sami jeung nyiru kirang langkung. didamelna tina seng
upami ditanggung kedah nganggo salang.
biasanamah upami munjungan, nganteuran sareng sajabina. 
kerepusmah leres kopeah tea.
Hatur nuhun.
 
baktos
Sabilulungan Sumbawa.

 




      

Reply via email to