mun lewat tangkal gede atanapi kuburan kudu menta ijin sabari ngahareos
"ser ser ser....numpang...numpang..."
Mun nunjuk hileud kudu dilamot eta curuk anu nunjukna
Mun katinggang kudaun kudu di ciduhan ita daun anu nimpa sirah urangna
naon deui nyah....rada pararoho...

  ----- Original Message ----- 
  From: MSasmita 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Cc: MSasmita 
  Sent: Thursday, October 15, 2009 9:05 AM
  Subject: [Urang Sunda] Milarian nu aralit.


     

  Milarian nu aralit, enya niat mah kitu, sigana eta ge kaasup "budaya dasar". 
Upamana :

  1. Ngangon meri. Aya elmuna atanapi henteu ngangon meri teh. Anak meri nu 
kakara megar naon ngaranna, mun geus rada gede naon ngranana, mun geus diajar 
ngendog jeung saterusna nepi ka meri nu geus kolot, umur produktifna sabaraha 
jste.Tangtu nu sok ngangon meri di pilemburan mah apal. Aya henteuna "kearifan 
lokal" didinya, boa aya. Cek beja jadi tukang ngangon meri mah kudu jalma 
jujur, sabab lamun teu jujur merina sok ngendog dimana clona, bener kitu ieu 
teh..?

  2. Miara lauk sapuratina, upamana sok manggih lauk emas nu bau taneuh, naha 
kitu, kumaha ngaleungitkeunana (cara tradisional). Mun teu salah aya prasasti 
di Tatar Sunda nu ngalarang ngala lauk ti walungan. Naha? 

  3. Pacilingan. Cek beja baheula mah masarakat teh lamun rek kabeuratan cukup 
ka reuma atawa ka susukan ka walungan komo kahampangan mah cukup ku dina 
conggang. Ti iraha aya pacilingan di urang? kumaha sajarahna?. Naha ieu teh aya 
keneh pangaruh baheula nepi ka WC Umum di ruang publik sanajan di kota gede di 
Tatar Sunda sok jorok bae. Padahal rek ngurus WC sangkan beresih mah teu kudu 
jadi nagara maju heula. Geura sok tingali WC di terminal beus, di stasion 
kareta di Bandung asa jorok.  

  4. Ngasah peso atawa bedog. Kaur budak kungsi dibejaan ku kolot, batu asahan 
teh ulah kalengkahan, nepi ka ayeuna can kapaluruh naon maksudna. Peso atawa 
bedog teu meunang dipake ngali taneuh, sok tereh mintul cenah, ari ieu mah 
kaharti. Boa-boa didinya aya kearifan lokal. Pakarang, ngasah, tatanen jste. 
Boa boa aya kearifan lokal.

  5. Nyadap. Kecap nyadap aya dina sababaraha naskah kuna Sunda, nyadap boa boa 
ulah ngan sakadar ditingali ngala lahang wungkul (pangupa jiwa). Meureun 
didinya aya elmuna, aya jangjawokanana (sistem religi masarakat), jste.

  6. Ngaseuk. Paranti ngaseuk biasana tina dahan kai sagede leungeun panjangna 
satangtung. Naha ieu teh aya pakaitna jeung lingga yoni? jste.

  7. Nutu. Paranti nutu aya lisung jeung halu.

  8. Sarung. Ti iraha bangsa Sunda sok make kana sarung? pangaruh timana, asli 
lokal?, jste.

  9. Jste (jeung sajabana ti eta). 

  Ka baraya sadayana, diantos artikelna ngaguar nu kararitu, diberendelkeun 
soteh eta mah mung sakainget teu aya maksad mapatahan ngojay ka meri. Panuhun 
teh artikelna tina tinjauan arkeologi sareng tafsirna, teu mung sakadar tina 
tinjauan ekonomi. Tapi ketah mangga we eta mah teu langkung nu gaduh maksad. 
Manawi we kabiruyungan urang muat dina Cupumanik. Hatur nuhun, diantos 
artikelna.

  MSas






  

Reply via email to