Kang Tan,
unsur naon dina sunda, nu nyababkeun korupsi ?
unsur naon dina jawa, nu nyababkeun korupsi ?
unsur naon dina islam, nu nyababkeun korupsi ?

kapanan sunda teh lega, jawa oge, islam komo.
hal spesifik naon dina tilu hal eta anu nyababkeun korupsi teh ?

mj wrote:
Paktor kungsi dijajah walanda mere pangaruh teu? Sigana aya.


------------------------------------------------------------------------
*From: * tantan hermansah <sariak.lay...@gmail.com>
*Date: *Tue, 29 Sep 2009 10:47:47 +0700
*To: *<urangsunda@yahoogroups.com>
*Subject: *Re: [Urang Sunda] Fw: Denmark, Nagara Bebas Korupsi

Moal boa kusabab aya 'persekutuan' sunda+jawa+Islam anu nyababkeun nagri urang korupsina kabina-bina?

Baktos
Tantan

2009/9/29 Aa Ican <ia.ad...@gmail.com <mailto:ia.ad...@gmail.com>>

    aya oge hal anu teu kinten pentingna,  nyaeta sistem hukum &
    aturan anu nanjeur. rek sakumaha hadena oge eta aturan, ari henteu
    laksana mah kateuteuari... kapan di urang mah aturan kari aturan,
    prakna mah sejen deui... da ari sual kahayang mah, manusa di mana
    wae oge sarua, hayang tingtrim hayang senang, teu aya hubunganana
    antara papaling jeung kaayaan alam.

    2009/9/29 mj

        Ari sacara ideologi mah kedah kitu urang teh. Cobi we sila
        keadilan sosial bagi seluruh rakyat indonesia. Adil lain
        wungkul dina hukum, tapi kum sadaya masalah kamanusaan (sosial)_.

        Ngan abot praktekna mun distudi bandingkeun teh. Nilik legana
        nagara,populasi oge karakter warga, soal homogen-heterogen
        jsb, jauh tanah ka langit. Oge faktor geografis, maranehna mah
        deukeut ka kutub utara urang mah pas di garis katulistiwa.
        Loba saeutikna kondisi eta mangaruhan tabeat watak jst. Sigana
        rasa sanasib urang dinya leuwih kandel, jadi niat papaling
        milik umum minim. Alamna ge miskin, ngan boga minyak di laut
        utara kitu ge cenah dibagi ku norwegia.





--
tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan I Bogor



Reply via email to