> MRachmat Rawyani <mrachmatrawy...@...> wrote: > Ceuk cenah mah, VOCĀ na walanda anu sakitu jugalana di Indonesia > ngeduk hasil bumi (diantara tanam pakasa tea), kakoncara di > mancanagara salah sahiji pausahaan gede, bangkrut gara-gara > korupsi oge. Aya disertasina di FIB UI. Jigana raja-raja Jawa anu > boga hak meunang upeti teh warisan ti VOC.
Leres pisan cenah VOC bangkrut kulantaran korupsi, dugi ka diambil alih ku pamarentah Walanda. Tapi ari VOC mah padamelna urang Walanda, janten nu korupsina nya walanda sorangan. Ari bangsa urang mah, pangpangna di Jawa, para pangawasana nya ngandelkeun seba ti rakyatna teu digajih ku VOC. Dugika pertengahan abad ka 19 (kurang leuwih 150 taun katukang), para bupati jeung rengrenganana digajih tina hasil taneuh rahayatna (tatanen atawa nu sejenna) jadi masih aya ngaharib-harip kana upeti. Tingali geura memoarna Martanagara, Mantan Bupati Bandung di ujung abad 19/ di awal abad ka 20, nu ku kuring kungsi diposting didieu. Martanagara oge nyaritakeun di jaman anjeunna marentah, MIMITI PARA BUPATI JEUNG RENGRENGANANA DIGAJIH KU PAMARENTAH, pungutan langsung ka rahayat nu langsung ku bupati, dirupus diganti ku PAJEG tanah sawah jeung kebon nu disetor ka pamarentah pusat. Martanegra nulis kalawan taliti pisan, kumaha gajih tukang ngumpulkeun pajeg, jauh leuwih gede tibatan pagawe negeri sejen, jeung ditambahan bonus! Jadi bisa disebutkeun administrasi modern mimiti diwawuhkeun ku walanda ka pangawasa pribumi di pertengah abad 19 (150 taun katukang). Kaitung anyar keneh. Keur mah kakara nyaho, ceuk istilahna kakara lelengkah halu, der asup ka suasana perang (jaman Jepang) ...nya atuh kalahka kacow. Sistem nu baheula geus dirupus, nu anyar acan maneh/ acan pati kaharti .... NB. Basa Pajeg mimiti diberlakukeun di Sumedang, pun Aki kungsi ngadongeng cenah rahayat nu lega tanahna, kabeh kasieunan kunu aranna pajeg, tepi ka tanah kaboga teh dibagikeun kitu wae ka saha we nu daek. Bao kuring (Akina pun Aki) oge kitu, tanah, pangpangna tanah darat, dibikeunan .... Baktos, WALUYA