kang irpan oge baraya lian,ari toel, sun, keukeup, jeung titiktitik mah lain
kecap pagawean, tapi kecap barang. rarangken hareup di- teh salasahiji
gunana nya pikeun nyieun eta kecap-kecap barang jadi kecap pagawean negatip.
tah tina fungsi eta, salasahiji cara pikeun ngabedakeun 'di' nu dihijikeun
(salaku rarangken) jeung 'di' nu dipisah (salaku kecap hareup), nyaeta
ngabalikeun eta kecap, jadi kecap pagawean positip, ku jalan ngaganti di- ku
rarangken hareup nye- atawa nge- (atawa nu sejenna---bingung euy heuheu..),
lamun eta kecap teh masih boga makna hartina di- dinya gunana salaku
rarangken, dihijikeun.
contona 'ditoel' masih keneh boga makna lamun dirobah jadi 'noel', 'di' di
dinya boga guna: rarangken. conto sabalikna 'diimah' dirobah jadi 'ngimah'
atawa 'nyimah' teu boga harti, jadi di dinya kudu dipisah.

kasus sarupa kieu oge tumerap ka 'ti' jeung 'ka'.

sakitu ti kuring, susuganan eta ge heuheu...

duq

2009/10/6 Irpan Rispandi <mr.rispa...@gmail.com>

>
>
> Rumusna mah simpel kang,
>
> 1. di + ngaran tempat --> dipisah
> 2. di + kata kerja    --> dihijikeun
>
> conto:
> 1. di imah, di Garut,  di Saturnus, di Andromeda
> 2. ditoel, disun, dikeukeupan, dititiktitik
>
> he..he..he...
>
>
> jangdede wrote:
>
>   jiganamah DITOEL kang, da jiga saharti jeung dicabok, diciwit.
> bener kitu eta teh?
>
>
> jangdede
>
>
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke