> Obay tea <obay...@...> wrote:
> Anu jadi masalah nyaeta, urang kudu nyaimbangkeun (balancing) 
> antara kapentingan diri urang jeung kapentingan nagara sejen. Tah 
> dina masalah balancing ieu bangsa urang kurang parigel.

Tah satuju kang Obay. Jadi nu perlu mah balancing lain nutup maneh. Ceuk beja 2 
taun katukang, sabenerna neraca perdagangan urang jeung Amerika Serikat jauh 
nguntungkeun Indonesia tinimbang AS (Amerika depisit, loba impor ti urang, ari 
ekspor ti Amerika saeutik). Matak teu aneh Amrik kungsi maksa-maksa Indonesia 
ngimpor daging hayam ti Amrik.

Tapi sigana nagara urang ngalaman depisit lamun jeung nagara RRC, Jepang, 
Korea, Taiwan ...jeung Singapur. Tapi anehna nagara-nagara ieu tara/jarang 
digugat, beda jeung Amrik ....wah eta mah setan besar ..hahaha

Baktos,
WALUYA

Reply via email to