Aya anu teuing pisan..ari keur ngala SDA gaduh henteu cicisna..alias
modalna..Cobi kterukkeuneusi Bank nagara..cekap henteu ? Jawabna teuing
pisan..pisan...

On 10/28/09, Obay tea <obay...@hotmail.com> wrote:
>
>
>
> Jang Irpan,
>
> Keur ngagambarkeun lamunan prinsip "dari kita untuk kita", urang make
> kawijakan ekstrim saperti kieu: Sakabeh sumber daya alam, sektor industri,
> pertanian jeung sajabana, dinasionalisasi. Kabeh ditangkes ku bangsa urang.
> Diasumsikeun nagara sejen rela jeung teu protes ku kawijakan urang.
>
> Tah tisamet ayeuna bangsa urang mandiri, teu gumantung ka bangsa sejen.
> Konsekuensina urang kudu ngageroh SDA jeung SDM sorangan. Conto sederhana
> urang kudu bisa ngoprasikeun tambang Freeport. Hal-hal di handap ieu kudu
> bisa di jawab:
> 1. Bangsa urang bisa ngoprasikeun alat-alat berat? (jawab: bisa)
> 2. Lamun alat berat eta rusak, bangsa urang bisa nyieun nu anyar keur
> gantina? (jawab: teuing)
> 3. Keur ngitung komposisi konsentrat perlu komputer, bisa nyieun processor
> siga Intel? (jawab: teuing)
> 4. Lamun urang geus hasil ngolah jadi tambaga, payu dijual ka bangsa sejen?
> (jawab: moal payu, sabab batur oge ningali neraca perdagangan manehna, moal
> meuli lamun urang teu meuli produk manehna)
>
> Karek ku opat pertanyaan wae geus loba teuing-na, komo deui lamun sakabeh
> aspek dirinci hiji-hiji. Jadi lamun urang hayang bener2 mandiri dina harti
> ekstrim, urang kudu siap lamun standar hirup nurun. Peuting make cempor, ka
> pasar make delman, milis sunda bakal tutup!
>
> Manusa geus digariskeun jadi mahluk sosial dina harti saling ngabutuhkeun
> siga urang jeung tatangga. Dina harti anu sarua oge nagara urang jeung
> sakabeh nagara internasional.
>
> Anu jadi masalah nyaeta, urang kudu nyaimbangkeun (balancing) antara
> kapentingan diri urang jeung kapentingan nagara sejen. Tah dina masalah
> balancing ieu bangsa urang kurang parigel.
>
> Cag.
>
>  Obay.
> ~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong....~
> Note: Barang anu ayeuna diimpor ku urang lolobana anu memang euweuh di
> urang. Jadi geus lain "lamun" deui, saestuna barang eta memang euweuh di
> urang.
> Re: "Korsi Panas" Menkes?
> <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/143293;_ylc=X3oDMTJzZ3VtOThhBF9TAzk3MzU5NzE1BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzE0MzI5MwRzZWMDZG1zZwRzbGsDdm1zZwRzdGltZQMxMjU2NjQwNDA1>
>  Posted
> by: "Irpan Rispandi" mr.rispa...@gmail.com
> <mr.rispa...@gmail.com?subject=+re:+%22Korsi+Panas%22+Menkes?> Tue
> Oct 27, 2009 1:51 am (PDT)
>
>
> Cikan...
> aya nu bisa ngagambarkeun teu, bakal kumaha bangsa Indonesia, lamun
> manehna ngajalankeun prinsip "dari kita untuk kita", sagala dicukupan ku
> sorangan. Lamun kapaksa impor, nya impor barang anu bener-bener euweuh
> di Indonesia.
>
> kira-kira kumaha hasilna nya ?
>
> --
> Aing teu gableg BlackBerry�
> powered by Sesuai KEBUTUHAN
>
>
>
> ------------------------------
> New Windows 7: Find the right PC for you. Learn 
> more.<http://windows.microsoft.com/shop>
>
>  
>

Reply via email to