sae pisan kang acara teh, pami aya di palih bandung mah jigana abdi oge hoyong 
ngiringan sok sanaos janten peserta. kanggo ka payun bilih aya acara nu 
sapertos kitu, kumaha upami ti BMG di undang kang ? minimal tiasa nga-infokeun 
tina curah hujannya ( early warning system) potensi banjir atanapi longsor.

hatur nuhun




________________________________
From: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
To: kisu...@yahoogroups.com
Cc: urang sunda <urangsunda@yahoogroups.com>; ta...@yahoogroups.com; Uus 
Mustari Iskandar <uusmust...@yahoo.com>; de...@bplhdjabar.go.id; Iwan herdiwan 
<surili2...@yahoo.com>; Kang Iwan <setiawa...@bplhdjabar.go.id>; Ceu Okki 
<okki.ju...@yahoo.com>; Cahyana Ahmadjayadi <cahy...@gmail.com>; erryrh 
<err...@cbn.net.id>; Deddy Tb MetroTV <tb_de...@rocketmail.com>; 
sobirinsobi...@gmail.com; Kang Sobirin <sobirindpk...@yahoo.com>
Sent: Mon, March 15, 2010 9:32:49 AM
Subject: [Urang Sunda] Tina Saresehan di Gedong Sate (1): Panganteur

  
Baraya,


Tina Riungan Gd Sate ngeunaan Bencana: (1) Panganteur 
 
Baraya,

Poe Juma'ah, 12 Maret 2010 minggu kamari aya acara anu cukup penting di kota 
Bandung kalayan anu jadi candolina (nu boga hajatna) nyaeta Pamarentah Provinsi 
Jabar. Ieu acara diaranan "saresehan kepedulian bersama terhadap mitigasi 
bencana" dilaksanakeun di rohangan Pangrango, Gedung Sate, komplek gubernuran 
Jabar, Bandung, ti jam 8 nepi ka jam 12 wib (ari anggeus acara, ari ngong adza 
Juma'ahan). 


Acara anu kasebut di luhur minangka “round table” munggaran dina raraga usaha 
pikeun ngurangan korban alatan bencana alam. Ieu acara dibageakeun laju dibuka 
kalawan resmi ku Gubernu Jabar, Bp. H. Ahmad Heryawan. Acara ditutup ku H. 
Sobirin, salah saurang aktivis lingkungan hidup Jabar di Bandung. 

Dina eta acara hadir tur biantara opat narasumber kalawan dikawitan ku Kang 
Iwan S (Ketua BPLHD Jabar) anu ngadugikeun roadmap saresehan. Narasumber anu 4 
teh nyaeta: 


1. Bp Sukhyar ti Badan Geologi, ngadugikeun potensi bencana alam di Jabar; 

2. Kang Ridwan Kamil, ngadugikeun perkara "community development" dina raraga 
mitigasi (ngurangan risiko) bencana; 

3. Kang HR Hidayat Suryalaga (abah Surya), ngadugikeun materi mitigasi bencana 
numutkeun budaya; sareng 

4. Kang Iwan Abdulrachman (abah Iwan) ngadugikeun pasoalan mitigasi bencana 
numutkeun pangwangunan sosial. 


Anapon moderator acara nyaeta bp Imam A Sadisun ti itb sareng bp Sobirin.
 
Ieu acara diluuhan ku kl 150 uleman ti rengrengan wakil-wakil Pamarentah 
Daerah, instansi-intansi Pamarentah anu pakait, LSM, peguruan tinggi, 
pemerhati, para wartawan jeung uleman sanesna. Anu hadir sakitu jumlahna tetep 
lengkep nepi ka acara rengse tabuh 12 siang.


Dina sela-sela acara, Kang Iwan Abdulrachman ngahaleuangkeun kawih-kawih 
ciptaan anjeunna nalika anjeunna sareng kanca-kancana nuju ngaevakuasi korban 
bencana dina sababaraha kajadian bencana.

 Acara ditutup ku ikrar babarengan anu dibacakeun ku abah Iwan. Eusi ikrar nya 
eta patekadan jeung lengkah tindakan pikeun rereongan merhatikeun 
masalah-masalah bencana alam, ngurangan risiko bencana alam, miara alam, mere 
bantuan tur mulihkeun ka anu jadi korban bencana alam ku usaha-usaha sinergi 
anu didasarkeun kana kaarifan lokal, sosial budaya jeung lianna, 

Sugan aya waktu, ka hareup mudah-mudahan bisa katepikeun kacindekan-kacindek an 
penting ti masing-masing narasumber anu kasebut bieu. 

Tapi, anu pang pentingna tina acara di luhur teh teu aya lian ti lajuninglaku 
(follow up) sangkan masyarakat anu dumuk di lokasi-lokasi potensi bencana bisa 
praktek langsung mitigasi (usaha-usaha pikeun nyinglarkeun bencana atawa 
ngurangan risiko bencana kana tingkat anu minimal teu aya korban jiwa). 

manar 


  




      

Kirim email ke