Tina Saresehan di Gedong Sate Ngeunaan Bencana: (2) Mitigasi bencana jeung
Al Fatihah


Aya hiji nasehat ti bp Heryawan (gubernur Jabar) anu disebut-sebut ku para
narasumber dina acara saresehan di Gd. Sate ngeunaan bencana, Juma'ah, 12
Maret 2010. Ieu nasehat pa gubernur Jabar teh patali jeung kanyataan yen
Jawa Barat atawa Tatar Sunda teh satemenna bisa disebut salaku “negeri
bencana”. Maksudna, potensi alam Jawa Barat lian ti pohara suburna nepi ka
narik ati masyarakat ti provinsi sejen, boh nu deukeutna atawa nu jauhna,
daratang ngadon ngalumbara ka Tatar Sunda, tapi alam Tatar Sunda ieu oge
ngandung potensi bencana alam anu gede tur mindeng kajadian.

Pa Gubernur ngadugikeun yen ti mimiti bencana alatan gunung bitu – aya 7
gunungapi aktif di Jabar anu sawaktu-waktu bias bitu – oge aya potensi
bencana lini (gempabumi) jeung tsunami, bencana banjir nepi ka bencana
longsor atawa taneuh urug. Laju kang gubernur teh ngawincik rupa-rupa
kajadian bencana anu kungsi kajadian di Jabar tur potensina ka hareup
(mudah-mudahan wae teu kajadian).

“Kusabab wewengkon urang teh bisa disebut salaku ‘nagri bencana’, nya
sakuduna urang apal naon wae potensi bencana anu aya di alam urang teh,
sakumaha gedena bahaya jeung risiko bencana anu dihareupan ku urang, tur
kumaha carana sangkan eta risiko teh bisa ngurangan malah sabisa-bisa ulah
nepi ka aya korban jiwa”, kurang leuwih kitu mataholang kasauran  pa
gubernur dina sambutanana. Naon anu disebutkeun ku pa Gubernur bieu dina
basa paelmuan disebutna mitigasi bencana tea.

Laju gubernur Jabar dina eta sambutan ngajelaskeun ku basa anu leuwih
sederhana yen pikeun anu dumuk di wewengkon bencana, sakuduna parigel dina
nyinglarkeun diri tina ancaman bencana alam. “Apalna urang kana paripolah
alam urang, ancaman bahaya jeung risiko bencana alam anu disanghareupan ku
urang tur cara-cara nyinglarkeunana eta kudu lir ibarat apalna satiap muslim
kana al Fatihah”, kitu saur pa gubernur nutup salah sahiji jeurangan
pangbageana dina eta acara.

Pa Gubernur saterusna netelakeun, yen sakumaha anu apal kana Al Fatihah,
tangtu eta jelema teh osok sholat. lamun tara sholat, nya teu aya manfaatna
apal al Fatihah teh. "Nya kitu deui dina nyanghareupan kanyataan yen urang
hirup di wewengkon anu pinuh ku potensi bencana, naon rupa anu geus jadi
pangaweruh ngeunaan rupa-rupa potensi bencana jeung cara nyinglarkeunana eta
kudu jadi kaparigelan sapopoe alias kudu diamalkeun". Kitu kurang leuwih
kasauran saterusna ti p Gubernur dina sambutan anjeuna nalika acara
saresehan ngeunaan bencana di gedong Sate, Juma'ah, 12 Maret 2010.

Leuh, lamun seug ieu kayakinan pa Gubernur teh jadi kayakinan para bupati
katut para camat jeung rurah/kuwu di desa-desa, tangtu urang leuwih pantes
boga herepan baris nguranganana korban jiwa dina satiap kajadian bencana.
Naon wae nya anu diperlukeun sangkan apal jeung ngamalkeunana masyarakat di
urang kana mitigasi bencana lir ibarat apal jeung ngamalkeunana satiap
muslim kana Al Fatihah?


manar

Reply via email to