Unsur2 tatakrama Sunda teh salian ti undak usuk basa Sunda, saur abah Surya 
kedah diperhatoskeun hal anu sanesna diantawisna :
1. Wirahma Nyarita (Lentong)
2. Sikep awak (Rengkuh)      
    Sikep awak nu hade sok disebut rengkuh, tapi lain moyongkod.Sikep nu 
rengkuh nyaeta sikep nu katenjo jeung karasa yen ku sikep kitu teh ngajenan ka 
batur bari heunteu ngalalaip diri pribadi.Tapi sanajan urang kudu rengkuh, 
tetep we aya takeranana, naha nyanghareupan jelema nu geus loma, anyar 
pinanggih, sasama, saluhureun, kaayaan resmi atawa teu resmi jsb
3. Paroman
    Ku lantaran tatakrama mah taya lian ngan pikeun  ngantengna 
silaturahmi,tangtu bae paroman teh kudu darehdeh, someah, amis budi pinuh 
perhatian,henteu kucem, tungi, kuraweud, keding hangit atawa tiis camewek taya 
sari2 hayang silaturahmi.
4. Tata cara gaul.
    Campur gaul manusa teh kacida pisan jembarna, kukituna kamaheran tata cara 
gaul mah gumantung kana pangalaman sosialisasi eta jelema jeung lingkungan nu 
rupa2.Tambah lega cacampuranana, tambah lega kanyahona ngeunaan tata cara gaul, 
jelema nu kurang tata gaul disebutna kurung batok atanapi kuper.
5. Tata busana (dangdanan)
    Tata busana busana atawa cara barang pake teh henteu padu rap padu napel 
atawa asal make, tapi puguh aturanna,pangpangna upama rek tepung jeung batur 
dina kaayaan anu resmi., kudu sopan tur luyu jeung kaayaan.
6. Kualitas pangaweruh.
   Kaweruh kana sagala hal, pangpangna nu keur jadi catur balarea, ngeunaan 
naon bae, nu kira2 bisa dipake nyambaraan obrolan, kacida perluna urang 
terang.Henteu kudu apal ka jero-jerona, asal urang bisa nuturkeun obrolan batur 
jeung milu ngembohan, sautak saeutik.
7. Itikad
   Ngeunaan itikad mah estu leuwih nyumput,leuwih lemes,leuwih hese 
diteuleumanana.Tapi saenyana nya itikad pisan nu ngadadasaran hiji jelema daek 
ngagunakeun tatakrama pikeun alat campur gaul teh. Upama urang geus 
ngaitikadkeun hayang silaturahmi jeung ngajenan batur, tinangtu dina 
prakpakannaoge bakal nyumiratkeun rasa silaturahmi, anu engkena ngawujud dina 
paripolah tatakrama.

Cekapkeun sakieu
Gagak Hideung


________________________________
Dari: Adi Sundayana <ephi...@gmail.com>
Kepada: kisu...@yahoogroups.com
Terkirim: Sen, 15 Maret, 2010 23:51:40
Judul: Re: [kisunda] Basa Sunda lemes - kasar

  
Ngabandungan nu keur adu catur dina perkara ngagunakeun basa kasar,conggah 
jeung basa lemes dina basa Sunda sasieureun sabeunyeureun rek milu 
aub.Itung-itung lauk buruk milu mijah bae ieu mah.
Mun teu salah baheula beh ditueun kapungkur basa keur di SR kungsi meunang 
katerangan yen kasar ,conggah jeung lemesna nyarita ku basa Sunda teh diwangun 
ku tilu hal :
Kahiji pilihan kecap,kadua lentong ari nu katilu rengkak jeung paripolah nu 
marengan ( gesture ) kaasup paroman jeung sorot mata.
Geura sok rasakeun kalimah di handap ieu : " Mulih ti mana,Mang Ahdi, mani 
bangun rarusuh ?" Mimiti ku lentong anu merenah ningalikeun sopan santun,tuluy 
coba ku lentong anu teureugeus saterusna rasakeun deui mun eta kalimah 
diucapkeun ku lentong sopan tapi paroman bari jeung nyureng,komo saupama kecap 
"Mang" diganti ku kecap "Sia".
Bandingkeun jeung kalimah nu marentah atawa nu ngambek ieu :"Sieuh..... 
sieuh.... na aya hayam ku bangkawarah balik deui balik deui". Ucapkeun ku nu 
ngambek lantaran cape sapopoe moe pare di nu panas.Heg pek cobaan ku lentong 
"Arjuna" dina pawayangan.
Ku kituna ceuk pangrasa kuring mah,keur saayeunaeun mending ajak para nonoman 
Sunda sina nyarita ku basa Sunda.Merenah jeung teu merenah na mah da kacida 
pisan gumantung kana "SIKON".Ulah dikondisikeun teuing ku rasa "sieun salah" 
tungtungna mumul nyarita ku basa indungna.
Cag. Ti pun Adi.
----- Original Message ----- 
>From: Abbas Amin 
>To: kisunda 
>Cc: Dudi Herlianto 
>Sent: Tuesday, March 16, 2010 10:04 AM
>Subject: [kisunda] Basa Sunda lemes - kasar
>
>  
>Lamun aya Basa nu dianggap rada garihal, nya dilelemes ku nyiptakeun kecap
>nu dianggap cek Expressi Basa Sunda Lemes.
>
>Tah nya dina ngalelemes ieu aya katangtuanana, nya eta :
>sisipan tea; boh awal , tengah atawa akhir.
>Tapi tujuan utamana nya eta : Basa Sunda ulah kasar teuing.
>model : gering - udur - teu damang.
>sare - mondok - kulem sst
> 
>



      &quot;Coba Yahoo! Mail baru yang LEBIH CEPAT. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com&quot;

Reply via email to