Nambihan :
1. wanci janari gede : kira2 tabuh 01.00 - 03.00 peuting
2. wanci janari leutik : kira2 tabuh 03.30 - 04.30
3. wanci balebat       : waktu pajar geus udat2 (sinar panonpoe) beulah wetan 
(kira2 tabuh 04.30)
4. wanci carangcang tihang : wanci liwat pajar,tetenjoan remeng2 keneh (kira2 
tabuh 04.30-05.00)
5. wanci haneut moyan : waktu sedeng ngeunah dipake moyan (kira2 tabuh 
07.30-08.30)
6. wanci rumangsang : waktu panonpoe geus mimiti karasa panas (kira2 tabuh 9.00)
7. wanci pecat sawed : waktu munding anu dipake magawe dilaan sawedna (kira2 
tabuh 10.00)
8. wanci manceran/lohor : waktu panonpoe luhureun sirah, tengah poe (tabuh 
12.00)
9. wanci lingsir ngulon : waktu panonpoe geus mimiti ngeser ka kulon (tabuh 
13.00)
10. wanci panonpoe satungtung : kira2 tabuh 15.00
11. wanci tunggang gunung : waktu panonpoe geus surup ayana dina luhureun 
gunung (kira2 16.00-17.00)
12. wanci sariak layung : waktu layung (sinar panonpoe) di langit katenjo 
beureum (kira2 tabuh 17.00-18.00)
13. wanci sareupna :  geus mimiti reup poek (kira2 tabuh 18.30)
14. wanci sareureuh budak : waktu budak leutik geus mimiti carapeeun tas 
hareureuy jeung dulurna (kara2 tabuh 20.00)
15. wanci tengah peuting : kira2 tabuh 24.00

Sesebutan waktu sejenna :
1. sakedet netra : (asalna sakedap netra) : kedep=kiceup,jadi sakedet netra 
hartina sakiceup, nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan
2. sakilat : nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, meh saharti jeung sakiceup 
diumpamakeun kana/lilana kilat anu ngaburinyay
3. sapanyeupahan : nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana, kira2 sarua lilana 
jeung anu keur nyeupah
4. sapangejoan : nuduhkeun waktu anu rada lila, kira2 sarua lilana jeung nu 
keur ngejo (nyangu)
5. saumur jagong : kira2 tilu bulan satengah
6. sataun landung : sataun leuwih
7. sawindu : dalapan taun
8. saabad : saratus taun

Punten ah mung ngiring ngaramekeun 

Gagak Hideung



________________________________
Dari: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
Kepada: kisu...@yahoogroups.com
Terkirim: Kam, 18 Maret, 2010 05:52:27
Judul: Re: [kisunda] Wanci

  
Nambihan wae ka nu tos aya:

- tengah poe sok disebut oge waktu panon poe manceran
- meletek panon poe = meletek srangenge
- memeh lingsir ngulon asana aya lingsir panon poe
- sareupna, antara / atawa sarua jeung burit / harieum beungeut?

manar


2010/3/18 dudi_ss <dudi...@yahoo. com>

  
>asana mah wanci AM: 
>1. Janari leutik (samemeh Janari atau waktu mapag Janari)
>2. Janari (teu aya Janari gede, cukup disebut Janari wungkul : waktu saur ari 
>rek puasa)
>3. Balebat (sigana sarua jeung fajar sidiq)
>4. Carangcang tihang
>5. Isuk/ meletek panon poe ( Nol darajat)
>6. Haneut Moyan
>7. Pecat Sawed (45 darajat)
>8. Tangah poe/ mancer ( 90 darajat)
> 
>sugan kitu ge, cag ah.
>wassalam
>
>
>----- Original Message ----- 
>>From: Lingkung Lembur 
>>To: kisu...@yahoogroups .com 
>>Sent: Wednesday, March 17, 2010 12:10 PM
>>Subject: [kisunda] Wanci
>>
>>  
>>Mengutip dari kang Irfan Anshory: 
>>Urang Sunda jaman "baheula" sudah membagi waktu dari tengah malam sampai 
>>tengah hari menjadi 10 wanci: 
>>1. Janari gede;
>>2. Janari leutik;
>>3. Kongkorongok hayam;
>>4. Balebat;
>>5. Carangcang tihang;
>>6. Murag ciibun;
>>7. Haneut moyan;
>>8. Rumangsang;
>>9. Pecat sawed;
>>10. Tengah poe.
>>
>>Berikut untuk 10 pembagian waktu dari tengah hari sampai ke tengah malamnya: 
>>1. Lingsir ngulon; 
>>2. Tunggang gunung; 
>>3. Ngampih laleur; 
>>4. Sariak layung; 
>>5. Burit; 
>>6. Harieum beungeut; 
>>7. Jempe gaang; 
>>8. Sareureuh budak; 
>>9. Sareureuh kolot; 
>>10. Tengah peuting.
>>
>>Baktos,
>>AGGI Sukmawan
>> 
>>




      &quot;Coba Yahoo! Mail baru yang LEBIH CEPAT. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com&quot;

Reply via email to