Baraya,

Kaparengkeun dina lalakon hirup teh si kuring bisa nyaba ka Korea sok
sanajan ukur 4 poe kaasup di perjalanan. Nalika ieu email ditulis, si kuring
masih di Korea, pasna di Kote Seoul, kl 5 jam kana piwaktueun hiber mulang
deui ka Jakarta, Indonesia,

Indit ka Korea teh minangkana mah anggota DelRI (Delegasi Republik
Indonesia) dina pajemuhan IKEF (Indonesia - Korea Energy Forum) anu katilu
anu dilaksanakeun di kota Seoul, Republik of Korea (RoK), tgl 25-26 Maret
2010. Sok sanajan jadi anggota leuwih loba ukur jadi "pengamat" da bubuhan
disawang tina disiplin geologi mah naon anu keur disawalkeun
antara DelRI jeung delegasi RoK teh kaasup bidang hilir, tapi kuring
sabisa-bisa diajar patuh kana jadual pertemuan, alias teu luas-leos. Keur
bidang geologi, relevansi jejer anu disawalakeun teh diantarana energi anu
sumberna tina geotermal atawa panasbumi tea.

Salila di Korea, alhamdulillah si kuring pependak sareng apih Siddik sareng
kang Yaya. Malah apih mah dugi ka mapagkeun sagala ka airport Icheon, Korea
(oge rencana bade ngajajapkeun dugi ka bandara deui). Ari kang Yaya mah,
bubuhan anjeunna mah sibuk pisan ku ngawulang sareng kagiatan akademis
sejenna, ukur tepung kamari peuting dina acara leueut sasarengan
balakencrakan antara anggota DelRI sareng warga Indonesia di Seoul anu
diayakeun ku Dubes Indonesia di Seoul, RoK.

Sakitu heula dongeng nganjang ka nagara sejen. Sugan pareng ka hareup rek
ngaguar sababaraha catetan pangalaman salila di Korea,

salam,
manar

Kirim email ke