Apih, numutkeun buku Santos, sadaya bangsa sareng kabudayaanana eta asalna
ti benua atlantis anu leungit. Sedengkeun ari atlantis ayana - ceuk Santos
keneh - eta di Sundaland, nyaeta wewengkon antara Sumatera - Jawa -
Kalimantan. Baheula mah eta wewengkon teh daratan anu subur makmur loh
jinawi, ngan, kusabab Gunung Krakatau bitu kl 10.000 taun katukang, anu
bituna teh ngabalukarkeun bumi jadi terus oyag (aktivitas tektonik) jeung
manaskeun es di kutub (perubahan iklim) nepi ka jadi banjir (cai laut naek)
oge "bendungan" di selat Sunda jebol, eta daratan teh kakeueum cai. Laju
pendudukna paburisat ngungsi sabisa-bisa ka sakabeh penjuru dunya.
Wallohu'alam, enya puguh asa rahul eta "dongeng" teh, tapi, sahenteuna, aya
dua ahli kaliber doktor anu boga kayakinan siga kitu, tur duanana aktif
nulis buku (anu hiji mah, Santos, ayeuna parantos alm).

Keur naon atuh nya pih urang teh sok hayang wae terang saha leuwih kolot ti
saha? Saur salah saurang inohong ti Disbudpar: keur kareueus urang Sunda yen
tetela sumber bangsa2 jeung kabudayaanana taya lian ti wewengkon Sunda. Keur
nambahan kereueus kana luas wilayah nagara anu kaasup panggedena sadunya,
panjang basisir pangpanjangna sadunya, alamna pangsuburna jeung
pangbeungharna sadunya.

Tapi, keur naon eta kereueus? di Korea Selatan anu lahanna teu subur teu
sing, heureut pisan, sumber daya alam saeutik kacida, maranehanana tetep
reueus. Teu kitu kumaha, upamana wae: pendapatan per kapita puluh kali lipet
ti bangsa urang, anu nganggur kurang ti 4%, boga bandar udara anu 5 taun
tutuluyan panghadena sadunya (boh dina bersihna, hejona, jeung pelayanana).
Ieu bangsa oge boga fasilitas internet pangcepetna (bandwith-na panglebar)
sadunya; kungsi jadi runner up juara maenbal sadunya, jst.

Cag heula pih, jadi baluas...aeh...nalangsa.

manar



2010/3/27 Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo.com>

>
>
> Wallahu alam..mana nu leres..
> numutkeun buku "Sajarah Nasional", kenging Nugroho Nitisusanto, karajaan
> "Salaka Nagara" ngadeg taun 105 masehi.
> numutkeun urang Korea, karajaan "Koguryo" ngadeg 500 tahun saacan Masehi.
>
> ssw
> mama ManAr tadi tabuh 15.50 atanapi tabuh 13.50 wib tos hiber, ka lembur
> pisumpingeunana ka Cengkareng kirang langkung tabuh 20.40 wib.
> http://cikundul3.multiply.com
> *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
>
>
> *mh <khs...@gmail.com>*
>
>  Diantos dongeng Korea na.
> Eh mana nu leuwih kolot, antar Korea jeung Sunda nya?
>
>
>  
>

Kirim email ke