Dina buku Roesdi Jeung Misnem jilid 3, aya dongeng, judulna teh Dongeng Ema, nyaritakeun budak pahatu lalis adi lanceuk, lanceukna lalaki, adina awewe. Basa lanceukna keur ngala bubuahan keur dahareun duaan, adina ngadagoan di handap nepi ka dicapluk oray. Lanceukna kacida reuwaseunana, terus ngadenge aya manuk haur disada cukrih, cukrih diturih ku pucuk eurih. gancang lanceukna ngala pucuk eurih dipake ngabedel beuteung oray. Gorehel adina geus ngababatang. Adina digolerkeun bari digeberan ku hihid bari ngawih. "Geber-geber hihid aing hihid aing kabuyutan titinggal nini awaking" Kerenyed suku adina teh usik, pok deui dikawihan, kerenyed awakna oyag, kitu jeung kitu we nepi ka budak awewe teh hirup deui.
Tah tina kasang tukang ieu dongeng dina Cupumanik aya rubrik "Geber-geber hihid aing", eusina mah tulisan nu rada-rada satir, keur ngahirupkeun "rasa". Memper artikel karya Sarif Amin suwargi (Keur Kuring di Bandung) atawa siga tulisan Mahbub Junaidi suwargi (Humor Jurnalistik), tangtu we dipakaitkeun jeung jaman kiwari. Dina Cupumanik bulan April 2010, aya artikel ngeunaan Mang Atep kusir delman, imahna di Cieunteung Bandung kidul, usum ngijih kamari imahna kakelem ku caah ti Citarum. Atuh kapaksa Mang Atep ngungsi, sanajan kacaahan Mang Atep sakulawarga teu hariwang teuing ku dahareun da sok aya nu nyumbang beas jeung mih instan boh ti pamarentah boh ti masarakat umum. Nu dipikran ku Mang Atep teh kudana, sedengkeun kuda teh keur Mang Atep mah sasat panumbu umur, sareatna ku jasa kudana bisa nyiar kipayah keur waragad sapopoe. Neangan kahakanan kuda mangsa keur caah upluk aplak pasti kacida hesena. Da euweuh nu mere sumbangan huut jeung jukut, boa gubernur atawa bupati ge moal ingeteun ari kudu nyumbang huut jeung jukut mah. MSas