Kamari nganjang ka kampung naga, balik heula ka lembur ngalongok indung bapa. Ti gunungcupu kang sajam saparapat kana bebek, dibonceng ki adi. Ti sindangkasih teh ka kota tasik terus ka jurusan singaparna (ayeuna jadi ibukota kabupaten tasik), terus salawu (kacamatan), kampung naga ayana di desa neglasari salawu.
Teu mawa surat pengantar, tinggaleun, hadena aya urang dinya nu jadi guide teu resmi, ngajak ka imah sepuhna Nya sakalian tetelepek bari motoan bari ngukur itu ieu. Wawadahan pare beas sangu tea. Manggih said tea, boboko gede, jeung sajabana. Ngan rek moto jero goah teu meunang cenah. Nya ngan foto pantona we. Tapi prinsipna mah sarua, aya pabeasan nu tina gentong tea, meuli cenah ti pasar garut atawa singaparna. Kitu deui seeng. Beres tunyu tanya, bari moto jeung ngukur boboko, said, aseupan, tampir, nyiru, jrrd, diajak ka imah wakil kuncen pikeu nulis ngaran/rombongan/institusi di buku khusus nu naliti. Tapi aya nu kaliwat, teu moto leuit. Padahal teu loba leuit di kampung naga mah, salian sawareh parena pare murag, oge lahan kampung naga geus heurin ku paimahan. Ari saung lisung mah loba sababaraha hiji deukeut/luhureun balong. Teu motoan imah deui da foto imah mah geus sering/geus aya koleksi, ditunda di mangjamal.multiply.com jeung di photo jero facebook. Besek aya cenah di kampung naga, ngan enya, kitu, pikeun hajat cara nyunatan, ngawinkeun, jrrd, lain pikeun hajat sasih-upacara adat khas kampung naga. Besek sok meuli ka pasar cenah, da urang dinya teu nyarieun besek. _____ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of mh Sent: Saturday, May 01, 2010 5:47 AM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK Mun teu salah mah Kang Oman wanoheun ka pupuhu warga Kampung Naga, Kang Ade asana ngaranna teh. Tah paluruh geura ka Kang Oman, da asana kaci cenah make HP di Kampung Naga mah. 2010/4/30 mj <ja...@itenas.ac.id> Eta kang masalah patarosan teh, naha di kampung naga aya teu besek atawa pipiti. Geus sababaraha x ka kampung naga teh mawa barudak sabeus sina warawuheun ka budaya karuhun, motoan sagala, tapi loba nu kaliwat. Cara soal besek eta, giribig, goah, leuit, saung lisung ge ngan saukur moto jepret, teu diatur objekna. Mun ningalian foto keur hajat sasih, dina buku her suganda, nu katembong loba teh boboko atawa said, boboko gede. (boboko jeung said oge teu kacatet ukuranana, haha) _____ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of mh Sent: Friday, April 30, 2010 4:33 PM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK 2010/4/30 mj <ja...@itenas.ac.id> Di baduy justeru teu aya atawa dikenal, jadi teu aya gantina da teu kungsi aya. Haha Enya besek ngaran sejena pipiti. Bisa meuli ka pasar mun perlu. Sigana di kampung adat mah teu aya. Panasaran di kampung kuta ciamis. Sabab kampung nu jadi studi kasusna, tilu cikadu baduy, kp naga jeung kampung kuta. Besek pipiti di luar kampung adat aya, tapi di kampung adat teu aya. Naha. Duka atuh. Sigana sabab model hajatna beda. aya kamungkinan, pipiti atawa besek nu dipake di kampung naga, lain meunang meuli di pasar, tapi meunang nyieun sorangan. sainget uing baheula di lembur, mun aya nu hajat sok nyieun pipiti atawa besek tina daun kalapa, jiga nyieun kupat.