Nuhun kang pedaranana. Oge ka baraya sanesna. Titahan pembimbing ieu teh, cenah kudu tatanya atawa diskusi jeung saha bae dimana bae, sugan manggih bongbolongan atawa tambahan kabeungharan adat suradat sunda nu si kuring can apal atawa can manggih. Kanu sanesna mangga ketrukeun. Oge ka Tukang Giribig, jeung sajabana. Giribig oge bade diasupkeun ka penelitian sabab wadah moe pare, aya di kampung naga jeung kampung kuta. Di baduy ge aya cenah cek pa samin urang cikadu, ngan teu umum. Tapi di cikaduna mah teu aya.
Salah sapuluh kalieur teh ayana kecap nu beda di wewengkon beda pikeun barang/wadah nu sarua. Cara telebug, disebut oge tolombong oge dingkul. Di peperenian urang sunda terbitan kiblat, disebut yen telebug teh tolombong gede. Rada hese dijadikan patokan sabab ngaran2 eta di unggal wewengkon tea beda. Telebug teh tolombong atawa dingkul keneh. Atawa mun hayang jentre mah sigana kudu ngulampreng ka unggal lembur konfirmasi ngaran wawadahan eta. Tapi da mung tilu kampung adat tea, janten fokus we ka ngaran di eta tempat. Cara jubleg di kampung kuta & kampung naga, di baduy ngarana teblek. Telebug tolombong dingkul, di baduy mah teu aya. Aya oge nu siga tolombong di Gajeboh Kanekes kungsi manggih, dasarna dicarangan, masangna dibalikeun da sihoreng bumi-paranti kulem hayama ti wengi, da ari beurang mah dikencarkeun/dileupaskeun sina milari pakasaban nyalira. Mun cempeh-nyiru-tampir nya beda dina ukuran, ari wanda/rupana mah sarua. Buleud paranti wadah, paranti napi jeung paranti moe pari (tampir). Beda ukuran beda ngaran. Ari di baduy aya boboko aya baris, sarua paranti wadah beas/sangu. Nu ieu mah rumusna, beda rupa beda ngaran bari tugasna di dunya ieu sami, ngawadahan beas sangu. Bedana baris jeung boboko, boboko mah nya cara rupa nu umum, ari baris mah leuwih seksi, bagean tengah leuwih lenjang/rampih, duka sok diet duka tara tah si baris teh. Heuheu. Fokus penelitian ka wadah pikeun pare beas sangu. Janten tingkem tetenong jeung barayana nu sanes, boh baraya kandung boh pateterean teu dibahas. Ke mun tos cekap, bade ditalungtik unsur estetika na boh formal boh simbolis. Rupa boboko teh canggih: transformasi ti rupa segiopat/juru opat di handap (segiopat pisan ti soko) terus robah lalaunan ka luhur, ngajanggelek we jadi buleud. Ieu kabisa karuhun (duka ti mana asal usulna mah, hese dipaluruhna, ti kulon baduy nepi ka wetan/jawa bali aya (di masyarakat nu melak pare). Perkara aseupan oge kitu. Ngan di jawa mah aya nu teu diberesan luhurna, diantep rancung siga penyanyi funkrock tea. Ari di sunda mah kalolobana atawa boa sadayana, diwengku tea. _____ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of oman abdurahman Sent: Tuesday, May 04, 2010 6:14 AM To: urangsunda@yahoogroups.com Cc: kisu...@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK Syukur Mj, kaburu ngalongok Kp. Naga. Nyeta ngotektak neangan nmr Hp ki kuncen - pedah ti heula asa kungsi nyatet - weleh teu kapanggih, teuing sigana kapupus basa pindah hp. Ngeunaan pabesekan, sarupaning wawadahan tina awi, lian ti "besek" jeung "pipiti", sakumaha geus disebutkeun, di lembur uing baheula (hiji desa di kabupaten Ciamis, pasna di Kacamatan Lumbung), aya anu disebut "tingkem". Taun 60an akhir nepi ka 70an awal, pun bapa biasa ari barang kirim katuangan (goreng lauk, opak, rangginang, jsb) keur baraya di kota teh atawa bebekelan ka anu rek ka nyaba kota, diwadahan ku tingkem. Upama ditataan singget, sigana tangtungan anu 3 rupa wawadahan di luhur teh siga kieu: 1) Pipiti : dijieun tina awi ku cara awi diipiskeun jeung dilemeskeun laju dianyam. Ukuran besek kl 20 cm x 20 cm x 7 cm atawa saukuran tegel anu leutik. Fungsi pipiti - baheula (taun 70 an) anu kasaksian ku sorangan - umumna keur wadah katuangan salaku pamulang ka anu nyarecep nalika nyambungan (mere artos atawa bahan-bahan tauangeun ka anu rek hajat) di kampung. Nya pipiti oge sok digunakeun keur wawadahan bahan-bahan kayaning bumbu dapur, jsb, di paimahan di kampung; 2) Besek: Sacara bahan jeung cara nyieun sigana teu beda ti pipiti, ngan bahan leuwih badag ukuranna jeung leuwih pilihan awina teh, sigana. Anu jelas pisan mah ukuran besek pasti leuwih gede (leuwih jangkung oge) ti pipiti. Nya kitu lah bangsa antara 30-40 cm2 (mungkin aya anu leuwih badag deui) kalayan jangkungna bisa nepi ka antara 15 - 20 cm. Fungsina, nya tangtu leuwih gede tina pipiti. Lamun dipake pamulang anu nyambungan oge tangtu besek mah keur pamulang panyambungan kelas badag. Atawa keur sisimpenan barang atawa bahan anu leuwih aya hargaan. 3) Tingkem. Tah, ari tingkeum mah- anu tembong pisan bedana jeung besek/pipit - nyaeta bahan jeung cara nyieunna. Bahanna memang awi keneh, tapi leuih kasar. Malah keur tingkem mah, sigana awi teh teu pati digawean teuing, ukur deibeulahan sagede-gede cinggir orok laju dianyamkeun. Tingkem kasawangna djieun ukur keur wawadahan (utamana kadaharan) sakali pake wae. Ukuran badagna tingkem anu kuring apal aya 2 jenis: anu leutik, kl 30 x 20 x 20 cm; jeung anu badag kl 2 kali ukuran anu leutik.Hiji hal deui anu ngabedakeun tingkem jeung pipiti/besek : tingkem mah pasti aya paragi ngajingjingna di sisi/beulah luhurna (besek oga sakapeung sok make paragi ngagigiwingna). manar 2010/5/3 mj <ja...@itenas.ac.id> Kamari nganjang ka kampung naga, balik heula ka lembur ngalongok indung bapa. Ti gunungcupu kang sajam saparapat kana bebek, dibonceng ki adi. Ti sindangkasih teh ka kota tasik terus ka jurusan singaparna (ayeuna jadi ibukota kabupaten tasik), terus salawu (kacamatan), kampung naga ayana di desa neglasari salawu. Teu mawa surat pengantar, tinggaleun, hadena aya urang dinya nu jadi guide teu resmi, ngajak ka imah sepuhna Nya sakalian tetelepek bari motoan bari ngukur itu ieu. Wawadahan pare beas sangu tea. Manggih said tea, boboko gede, jeung sajabana. Ngan rek moto jero goah teu meunang cenah. Nya ngan foto pantona we. Tapi prinsipna mah sarua, aya pabeasan nu tina gentong tea, meuli cenah ti pasar garut atawa singaparna. Kitu deui seeng. Beres tunyu tanya, bari moto jeung ngukur boboko, said, aseupan, tampir, nyiru, jrrd, diajak ka imah wakil kuncen pikeu nulis ngaran/rombongan/institusi di buku khusus nu naliti. Tapi aya nu kaliwat, teu moto leuit. Padahal teu loba leuit di kampung naga mah, salian sawareh parena pare murag, oge lahan kampung naga geus heurin ku paimahan. Ari saung lisung mah loba sababaraha hiji deukeut/luhureun balong. Teu motoan imah deui da foto imah mah geus sering/geus aya koleksi, ditunda di mangjamal.multiply.com jeung di photo jero facebook. Besek aya cenah di kampung naga, ngan enya, kitu, pikeun hajat cara nyunatan, ngawinkeun, jrrd, lain pikeun hajat sasih-upacara adat khas kampung naga. Besek sok meuli ka pasar cenah, da urang dinya teu nyarieun besek. _____ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of mh Sent: Saturday, May 01, 2010 5:47 AM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK Mun teu salah mah Kang Oman wanoheun ka pupuhu warga Kampung Naga, Kang Ade asana ngaranna teh. Tah paluruh geura ka Kang Oman, da asana kaci cenah make HP di Kampung Naga mah. 2010/4/30 mj <ja...@itenas.ac.id> Eta kang masalah patarosan teh, naha di kampung naga aya teu besek atawa pipiti. Geus sababaraha x ka kampung naga teh mawa barudak sabeus sina warawuheun ka budaya karuhun, motoan sagala, tapi loba nu kaliwat. Cara soal besek eta, giribig, goah, leuit, saung lisung ge ngan saukur moto jepret, teu diatur objekna. Mun ningalian foto keur hajat sasih, dina buku her suganda, nu katembong loba teh boboko atawa said, boboko gede. (boboko jeung said oge teu kacatet ukuranana, haha) _____ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of mh Sent: Friday, April 30, 2010 4:33 PM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK 2010/4/30 mj <ja...@itenas.ac.id> Di baduy justeru teu aya atawa dikenal, jadi teu aya gantina da teu kungsi aya. Haha Enya besek ngaran sejena pipiti. Bisa meuli ka pasar mun perlu. Sigana di kampung adat mah teu aya. Panasaran di kampung kuta ciamis. Sabab kampung nu jadi studi kasusna, tilu cikadu baduy, kp naga jeung kampung kuta. Besek pipiti di luar kampung adat aya, tapi di kampung adat teu aya. Naha. Duka atuh. Sigana sabab model hajatna beda. aya kamungkinan, pipiti atawa besek nu dipake di kampung naga, lain meunang meuli di pasar, tapi meunang nyieun sorangan. sainget uing baheula di lembur, mun aya nu hajat sok nyieun pipiti atawa besek tina daun kalapa, jiga nyieun kupat.