taun 80-an keur masih keneh sok resep ulin ka talagabodas, sok hanjat ti
wanaraja. enya sapanjang jalan ka luhur manggih loba kebon jeruk.

2010/5/4 oman abdurahman <omana...@gmail.com>

>
>
> Genep taun ka tukang mah jeruk Garut anu asli eta aya keneh, ngan geus
> langka. Harita, si kuring teu nginjeum ceuli, teu nginjeum mata, nyaksian
> pisan, keur nganjang ka bumina kang Erry (mantan ketua kpk samemeh Antasari
> Azhar), kaparengkeun panggih jeung anu nyandak jeruk Garut satanggungan
> aralit, eusina kl aya 30 siki.
>
> Saur kang Erry, harita, eta emang anu nyandak jeruk Garut teh asli urang
> Wanaraja, Garut. Si Emang nganjang ka bumi kang Erry maneuh unggal tangkal
> jeruk Garut bogana di Wanaraja buahan. Nganjang bari ngintun jeruk pesenan
> kang Erry anu engkena ku kang Erry eta jeruk teh digaleuh. Saur kang Erry,
> sanes keur sasaha eta jeruk teh, tapi tuangeun anjeunna wae sakulawargi.
> Upama rada seueur jerukna, ku kang Erry - saparantos digaleuh -sawareh
> dibagikeun ka tatangga.
>
> Harita oge si kuring ngaraosan sasiki da jeruk Garut kintunan teh harita
> mah disuguhikeun ka kuring saparakanca anu harita keur nganjang tea. Enya
> jeruk Garut da masih apal tanda-tandana. Nyaan seungit jeung pelem pisan,
> bubuhan jeruk Garut jeung sasatna asak dina tangkal.
>
> Taun ieu, 2010, kl 3 bulan ka tukan si kuring meunang bibit tangkal jeruk,
> ngahaja meunang mesen ti dulur pamajikan (kabeneran jikan teh asgar). Ceuk
> beja eta bbit anak jeruk teh jeruk Garut ti Wanaraja. Laju dipelak dina
> taneuh sacangkewok hareupeun imah. Sugan wae bener eta teh jeruk Garut, keur
> dinangna-nengne pisan dipiara, sugan pareng jadi tur buahan dina waktuna. Ka
> para wargi neda pidu'ana kum ka sadayana wae, mugia eta jeruk teh leres
> jeruk Garut, terus tumuwuh subur sarta engkena lamun geus waktuna buahan nya
> buahan sakumaha normalna tangkal jeruk.
>
> Nyuhunkeun pidu'ana kenging meureun ti sadayana demi keur neruskeun turunan
> jeruk Garut anu meh leungit. Hehehe, punten ngaririhann do'a ka balarea
> kalayan  ngamanfaatkeun keanekaragaman hayati anu meh musnah, sugan kaci
> ceuk Mj tea mah.
>
> manar
>
>
>
>
>
>
>
> 2010/5/3 Aldo Desatura ™ <hanja...@gmail.com>
>
>
>>
>> sabab gues ka alaman ku kuring ge... mung meser ka tukang jeruk sigana di
>> tol kitunya sok ka tipu wae teu ku jumlah na teu ku rasana .. mereunan
>> "citra negatif"  kiyeu nu geus ka sandang ku Jeruk Garut teh kang... teu
>> siga jeruk ponkam, jeruk mandarin jeung nu sejen na... meskipun urang papada
>> terang mung meser jeruk mandarin dina beus pasti awon ngan urang papada
>> ngarti yen eta mah pasti barang sesa mung nu aslina pasti eta jeruk teh
>> alus... kirang lewih kitu tah
>>
>> On Mon, May 3, 2010 at 9:38 PM, <jalakpak...@yahoo.com> wrote:
>>
>>>  Poster gede dimana2 ditambah gandengna speaker promosi harga murah impor
>>> ti China. Lian ti medan jeung pontianak aya mucunghul ti lumajang. Ngan
>>> keukeuh hate mah leungiteun Jeruk garut. Ngamplang jeung jeruk garut kantun
>>> waasna.
>>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>>>
>>> ------------------------------------
>>>
>>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>>>
>>> Yahoo! Groups Links
>>>
>>>
>>>    (Yahoo! ID required)
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>
>>
>> --
>> Aldo Desatura ® & ©
>> ================
>> Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
>> Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata
>>
>>
>>
>
>
> 
>

Kirim email ke