Janten nganjang ka Kang Erry we atuh ari jeruk garut tos musnah ti pasaran mah.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
Date: Tue, 4 May 2010 21:30:26 
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Subject: Re: [Urang Sunda] Garut ku Waas

Genep taun ka tukang mah jeruk Garut anu asli eta aya keneh, ngan geus
langka. Harita, si kuring teu nginjeum ceuli, teu nginjeum mata, nyaksian
pisan, keur nganjang ka bumina kang Erry (mantan ketua kpk samemeh Antasari
Azhar), kaparengkeun panggih jeung anu nyandak jeruk Garut satanggungan
aralit, eusina kl aya 30 siki.

Saur kang Erry, harita, eta emang anu nyandak jeruk Garut teh asli urang
Wanaraja, Garut. Si Emang nganjang ka bumi kang Erry maneuh unggal tangkal
jeruk Garut bogana di Wanaraja buahan. Nganjang bari ngintun jeruk pesenan
kang Erry anu engkena ku kang Erry eta jeruk teh digaleuh. Saur kang Erry,
sanes keur sasaha eta jeruk teh, tapi tuangeun anjeunna wae sakulawargi.
Upama rada seueur jerukna, ku kang Erry - saparantos digaleuh -sawareh
dibagikeun ka tatangga.

Harita oge si kuring ngaraosan sasiki da jeruk Garut kintunan teh harita mah
disuguhikeun ka kuring saparakanca anu harita keur nganjang tea. Enya jeruk
Garut da masih apal tanda-tandana. Nyaan seungit jeung pelem pisan, bubuhan
jeruk Garut jeung sasatna asak dina tangkal.

Taun ieu, 2010, kl 3 bulan ka tukan si kuring meunang bibit tangkal jeruk,
ngahaja meunang mesen ti dulur pamajikan (kabeneran jikan teh asgar). Ceuk
beja eta bbit anak jeruk teh jeruk Garut ti Wanaraja. Laju dipelak dina
taneuh sacangkewok hareupeun imah. Sugan wae bener eta teh jeruk Garut, keur
dinangna-nengne pisan dipiara, sugan pareng jadi tur buahan dina waktuna. Ka
para wargi neda pidu'ana kum ka sadayana wae, mugia eta jeruk teh leres
jeruk Garut, terus tumuwuh subur sarta engkena lamun geus waktuna buahan nya
buahan sakumaha normalna tangkal jeruk.

Nyuhunkeun pidu'ana kenging meureun ti sadayana demi keur neruskeun turunan
jeruk Garut anu meh leungit. Hehehe, punten ngaririhann do'a ka balarea
kalayan  ngamanfaatkeun keanekaragaman hayati anu meh musnah, sugan kaci
ceuk Mj tea mah.

manar







2010/5/3 Aldo Desatura ™ <hanja...@gmail.com>

>
>
> sabab gues ka alaman ku kuring ge... mung meser ka tukang jeruk sigana di
> tol kitunya sok ka tipu wae teu ku jumlah na teu ku rasana .. mereunan
> "citra negatif"  kiyeu nu geus ka sandang ku Jeruk Garut teh kang... teu
> siga jeruk ponkam, jeruk mandarin jeung nu sejen na... meskipun urang papada
> terang mung meser jeruk mandarin dina beus pasti awon ngan urang papada
> ngarti yen eta mah pasti barang sesa mung nu aslina pasti eta jeruk teh
> alus... kirang lewih kitu tah
>
> On Mon, May 3, 2010 at 9:38 PM, <jalakpak...@yahoo.com> wrote:
>
>> Poster gede dimana2 ditambah gandengna speaker promosi harga murah impor
>> ti China. Lian ti medan jeung pontianak aya mucunghul ti lumajang. Ngan
>> keukeuh hate mah leungiteun Jeruk garut. Ngamplang jeung jeruk garut kantun
>> waasna.
>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>>
>> ------------------------------------
>>
>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>    (Yahoo! ID required)
>>
>>
>>
>>
>>
>
>
> --
> Aldo Desatura ® & ©
> ================
> Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
> Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata
>
>
>  
>

Kirim email ke