Ieu mah mamanawian tiasa ngawaler seratan Bah Willy (rumaos sanes ahlina), 
khusus dina padalisan dihandap anu dikeliran bulao.

Nyutat tina buku "Sajarah Cianjur sareng Raden Aria Wira Tanu Dalem Cikundul, 
Cianjur" yasana drs. Bayu Suryaningrat, anu dipedalkeun ku : Rukun Warga 
Cianjur-Jakarta,
(anu mung hiji-hijina anu dipimilik ku sim abdi).

Numutkeun eta buku anu janten bupati di Cianjur turunan langsung ti Rd. 
Jayasasana/Dalem Cikundul/Aria Wira Tanu, mung dugi ka bupati ka VI (Aria Wira 
Tanu Datar VI/Dalem Aria Enoh/1776~1813), margi putra dalem Aria Enoh/Aria 
Wiira Tanu Datar VII nyaeta R. Abas/Aria Wira Tanu Datar VIII dibenum janten 
bupati Garut.

Salajengna kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku putrana Nyi R. 
Tanjungnagara (putra
Dalem Muhidin/Aria Wira Tanu Datar V, atanapi rai Aria Wira Tanu Datar VI anu 
nikah sareng hiji ulama ti Banten.
Putra Ny. R. Tanjungnagara ieu anu neraskeun kalungguhan bupati Cianjur nganggo 
gelar
R. Adipati Prawiradireja I/bupati Cianjur ka VII/1813~1833, anu saterasna 
kalungguhan bupati Cianjur diteraskeun ku turunanana dugika bupati Cianjur ka X.

Rupina bupati ieu anu disebatkeun katurunan Arab dina seratan Bah Willy.
Mung aya kahanjakal dina buku eta henteu disebatkeun jenengan Ulama ti Banten,
anu nikah sareng Nyi R. Tanjungnagara

Sakitu anu kapihatur, leres lepatna, wallahu alam

ssw 
http://cikundul3.multiply.com  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>






 



  


    
      
      
      Kitu cenah,  ah ieu mah sakadar hayang babagi we, pedah bukuna rada aneh, 
perkara urang Arab di Indonesia jeung dijieun leuwih ti 100 taun katukang. Buku 
ieu, keur urang Sunda aya nu matak hemeng. Nu kahiji eusi panganteur (kata 
pengantarna) ti Dr. Karel A, Seetbrink jeung Ismail Fajrie Alatas, nu 
nyebutkeun Hoelle, salah saurang penasehat Gubernur Jendral, Walanda nu gede 
pangaruhna kana  basa Sunda, sobatna panghulu M. Musa, panghulu Garut) teh 
sabenerna phobia/ paranoid Islam. Hoelle mimiti nganjurkeun basa Sunda teh make 
huruf jawa-sunda (hanacaraka) terus huruf laten, padahal ti kalangan pribumi 
usulna make huruf Arab. Nu kadua, Van den Berg nyebutkeun Bupati Cianjur teh 
katuruanan Arab!, sanajan geus leungit kaarabana. Duka Bupati Cianjur nu jaman 
mana, ngan sigana nu sajaman jeung Van den Berg, pertengahan/ akhir abad ka 19. 
Manawi aya nu terang?



Baktos,

WALUYA

(Mudah-mudahan teu salah maca, rada hese ngartina, duka nu ngaindonesiakeunaa 
kurang pas, atawa kuringna nu hese ngarti ...hehehe)  





    
     

    
    

 



  




      

Reply via email to