Sumuhun Bah...salam teh salasahiji tutuwuhan anu loba pisan ditemukan di
leuweung atawa gunung anu tingkat kalembabanna rada tiis. Loba cai jeung
dinu hieum (loba tatangkalan sejen anu leuwih jangkung). Dau salam teh upami
teu lepatmah jiga daun tangkil/melinjo ngan rada leleus jeung semu anu
lesang. Tangkalna bisa di jieun kai pikeun imah, ngan kakuatan nana kurang.
Samodel di lembur kuring eta tangkal salam teh di jieun kai usuk atawa
ereng. Daun salam mah rada seungit da memang bubuhan sok di pake salasarebu
samara dapur mun ku kolot mah bahuela mah. Tapi duka ayeunamah?

Lamun eta si Tangkal Salam teh di klaim jadi salasapuluh kakayaan sunda,
jigana da teu pati adil. Da memang tangkal salam teh loba oge di panggihan
di luar tanah sunda. Mun rek di klaim jigana kudu di talungtik heula supados
teu kajadian asal klaim jiga tatangga nagara urang. Pan sok isin mun ngaku2
barang batur teh..


Cag ah
2010/6/14 <riframadl...@yahoo.com>

>
>
> Pas pisan, cikeneh barudak di imah ribut loba sumindal, cucunguk.
> Disemprotan ku baygon kadong were sa imah. Hehehehe. Urang coba ku daun
> salam. Soal ikon sunda jigana teu bisa kitu wae, da di aceh oge seueur daun
> salam teh.
>
> Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone
> ------------------------------
> *From: *oman abdurahman <omana...@gmail.com>
> *Sender: *urangsu...@yahoogroups.com
> *Date: *Mon, 14 Jun 2010 10:47:43 +0700
> *To: *<kisu...@yahoogroups.com>
> *ReplyTo: *urangsu...@yahoogroups.com
> *Cc: *urang sunda<urangsunda@yahoogroups.com>; milis_tasik<
> ta...@yahoogroups.com>; <sub...@yahoogroups.com>
> *Subject: *[Urang Sunda] [Unak-anik tutuwuhan] Ngusir sumindal ku daun
> Salam
>
>
>
> Baraya,
>
> Isuk-isuk keneh geus meunang beja ngeunaan manfaat tutuwuhan, khususna
> manfaat daun Salam (Syzygium polyanthum). Ceuk eta warta anu katarima, daun
> Salam anu di urang - malah di seler sejen oge - sok digunakeun pikeun
> sambara (bumbu) pasakan tetela mibanda loba manfaat sejenna. Salah sahijina:
> pikeun ngusir sumindal (BI: kecoa). Bisa disebutkeun sarerea oge rudet lamun
> nempo di imah atawa di pakarangan loba sumindal, malah ibu-ibu atawa para
> wanoja mah teu saeutik anu ngoceak sieun lamun ningal sumindal. Tah, daun
> salam ceuk beja bisa digunakeun pikeun ngusir sumindal. Kumaha carana?
>
> Carana, cenah, daun salam anu seger keneh disiksikan, laju hasil
> siksikanana diteundeun di tempat-tempat anu loba sumindalan atawa di mana
> wae anu urang miharep teu kadatangan sumindal. Mujarab cenah, sumindal teu
> daekeun datang ka hiji tempat anu didinya aya atawa loba daun salam seger.
> Lamun geus rada garing eta siksikan daun sumindal gancang ganti ku anu seger
> deui. Rada riwuh memang, bari kabayang di iimah baris rada patulayah daun
> salam (kitu soteh lamun nyimpenna padu wae), tapi wayahna pikeun ngusir sang
> sumin mah hal eta perlu dilakukeun.
>
> Ceuk beja deui, cenah masih loba manfaat daun salam, khususna keur
> kasehatan. Cikan sugan baraya aya anu gaduh infona, mangga dialungkeun wae
> ka milist. Oge anu kumaha wangun daun atawa tangkal salam teh? Diantos sugan
> aya anu haat maparin gambarna.
>
>
> Tangkal Salam oge khas salah sahiji ciri sarakan (lemah cai) Tatar Sunda,
> jadi kaasup ikon budaya Sunda. Jadi...naon deui...der geura tambahan ieu
> informasi upama memang ieu milist teh keur madungdengkeun budaya jeung
> kabudayaan Sunda.
>
>
> Hatur nuhun.
>
> Salam salam,
>
> manar
>
>  
>

Kirim email ke