Hatur nuhun infona Mama Manar. Di imah kuring rada loba tah sakdang sumidal teh
Baktos tantan 2010/6/16 jangdede <jangd...@gmail.com> > > > wah eta resep ti nini tukang urut kang Aldo? > Ah si babaturan sing nginuman nu jiga kitu lah... > daripada ngabaheuman pel anu teu bener ti dokter. > hahhah > > 2010/6/15 Aldo Desatura ™ <hanja...@gmail.com> > > >> >> salian ti bisa ngusir sumindal atawa cucunguk tea.. alhamdulillah ayeuna >> pun istri teu pati "CHUBBY" pisan kusabab unggal isuk hayoh wae ninyuh daun >> salam 7 lambar ti 2 gelas cai nepi ka hiji gelas ... lek we di inum... >> alhamdulillah tiasa ngurangan berat badan teh,.. mangga di cobian geura da >> iyeu mah resep ti "nini urut" nu biasa ngurutan si eneng syarifah di depok >> >> 2010/6/14 jangdede <jangd...@gmail.com> >> >> >>> >>> Sumuhun Bah...salam teh salasahiji tutuwuhan anu loba pisan ditemukan di >>> leuweung atawa gunung anu tingkat kalembabanna rada tiis. Loba cai jeung >>> dinu hieum (loba tatangkalan sejen anu leuwih jangkung). Dau salam teh upami >>> teu lepatmah jiga daun tangkil/melinjo ngan rada leleus jeung semu anu >>> lesang. Tangkalna bisa di jieun kai pikeun imah, ngan kakuatan nana kurang. >>> Samodel di lembur kuring eta tangkal salam teh di jieun kai usuk atawa >>> ereng. Daun salam mah rada seungit da memang bubuhan sok di pake salasarebu >>> samara dapur mun ku kolot mah bahuela mah. Tapi duka ayeunamah? >>> >>> Lamun eta si Tangkal Salam teh di klaim jadi salasapuluh kakayaan sunda, >>> jigana da teu pati adil. Da memang tangkal salam teh loba oge di panggihan >>> di luar tanah sunda. Mun rek di klaim jigana kudu di talungtik heula supados >>> teu kajadian asal klaim jiga tatangga nagara urang. Pan sok isin mun ngaku2 >>> barang batur teh.. >>> >>> >>> Cag ah >>> 2010/6/14 <riframadl...@yahoo.com> >>> >>> >>>> >>>> Pas pisan, cikeneh barudak di imah ribut loba sumindal, cucunguk. >>>> Disemprotan ku baygon kadong were sa imah. Hehehehe. Urang coba ku daun >>>> salam. Soal ikon sunda jigana teu bisa kitu wae, da di aceh oge seueur daun >>>> salam teh. >>>> >>>> Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone >>>> ------------------------------ >>>> *From: *oman abdurahman <omana...@gmail.com> >>>> *Sender: *urangsu...@yahoogroups.com >>>> *Date: *Mon, 14 Jun 2010 10:47:43 +0700 >>>> *To: *<kisu...@yahoogroups.com> >>>> *ReplyTo: *urangsu...@yahoogroups.com >>>> *Cc: *urang sunda<urangsunda@yahoogroups.com>; milis_tasik< >>>> ta...@yahoogroups.com>; <sub...@yahoogroups.com> >>>> *Subject: *[Urang Sunda] [Unak-anik tutuwuhan] Ngusir sumindal ku daun >>>> Salam >>>> >>>> >>>> >>>> Baraya, >>>> >>>> Isuk-isuk keneh geus meunang beja ngeunaan manfaat tutuwuhan, khususna >>>> manfaat daun Salam (Syzygium polyanthum). Ceuk eta warta anu katarima, daun >>>> Salam anu di urang - malah di seler sejen oge - sok digunakeun pikeun >>>> sambara (bumbu) pasakan tetela mibanda loba manfaat sejenna. Salah >>>> sahijina: >>>> pikeun ngusir sumindal (BI: kecoa). Bisa disebutkeun sarerea oge rudet >>>> lamun >>>> nempo di imah atawa di pakarangan loba sumindal, malah ibu-ibu atawa para >>>> wanoja mah teu saeutik anu ngoceak sieun lamun ningal sumindal. Tah, >>>> daun salam ceuk beja bisa digunakeun pikeun ngusir sumindal. Kumaha carana? >>>> >>>> Carana, cenah, daun salam anu seger keneh disiksikan, laju hasil >>>> siksikanana diteundeun di tempat-tempat anu loba sumindalan atawa di mana >>>> wae anu urang miharep teu kadatangan sumindal. Mujarab cenah, sumindal teu >>>> daekeun datang ka hiji tempat anu didinya aya atawa loba daun salam seger. >>>> Lamun geus rada garing eta siksikan daun sumindal gancang ganti ku anu >>>> seger >>>> deui. Rada riwuh memang, bari kabayang di iimah baris rada patulayah daun >>>> salam (kitu soteh lamun nyimpenna padu wae), tapi wayahna pikeun ngusir >>>> sang >>>> sumin mah hal eta perlu dilakukeun. >>>> >>>> Ceuk beja deui, cenah masih loba manfaat daun salam, khususna keur >>>> kasehatan. Cikan sugan baraya aya anu gaduh infona, mangga dialungkeun wae >>>> ka milist. Oge anu kumaha wangun daun atawa tangkal salam teh? Diantos >>>> sugan >>>> aya anu haat maparin gambarna. >>>> >>>> >>>> Tangkal Salam oge khas salah sahiji ciri sarakan (lemah cai) Tatar >>>> Sunda, jadi kaasup ikon budaya Sunda. Jadi...naon deui...der geura tambahan >>>> ieu informasi upama memang ieu milist teh keur madungdengkeun budaya jeung >>>> kabudayaan Sunda. >>>> >>>> >>>> Hatur nuhun. >>>> >>>> Salam salam, >>>> >>>> manar >>>> >>>> >>> >> >> >> -- >> Aldo Desatura ® & © >> ================ >> Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi >> Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata >> >> >> > > -- tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan I Bogor