Awal taun 70an emut di bumina aki di padaherang ciamis pami tos magrib tos kedah ngarampih margi saur pun aki pengkereun bumi sok liliwatan maung lodaya. Keuuuun we paling ngahakan sapi atawa domba saurna. Harita mah masih aya keneh huma geledegan lian ti rawa nu upluk aplak. Nincak taun 80an mah tos teu aya carita maung lodaya teh. Pami macan tutul mah pami wengi sakapeung sok meuntas jalan, sim kuring kantos ningal kasemprot lampu mobil di daerah tepung kanjut. Di taun 70an masih sok aya di jalan sutisna senjaya tasik nu dagang meong (anak macan tutul). Taun 90an maung lodaya oge macan tutul tos kantun carita. Taun 2000an kantun padungdengan di milis!
Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo.com> Sender: urangsunda@yahoogroups.com Date: Mon, 14 Jun 2010 11:26:05 To: <urangsunda@yahoogroups.com> Reply-To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Meunang Maung euy (1941) Ieu mah pangalaman kapi paman, sok sanaos rada tebih, ibu-ramana linggih di Cidaun, kota kacamatan paling kidul wetan, wewengkon kabupaten Cianjur anu ngawates sareng kabupaten Garut. Dina awal taun 1970, eta kapi paman masih sakola STM di Cianjur, dina wanci pere kwartal, keukeuh hoyong wangsul kalembur, kumargi tos rada siang, eta si paman teh wangsulna henteu ngaliwatan Cianjur namung ngaliwatan Bandung, Ciwidey, Baledgede, diteraskeun nikreuh kirang langkung 30 ~ 40 kilometeran, maklum jaman harita masih walurat ku tatali marga. Dongkap ka desa Balegede teh lumayan ba'da asar, maju ka wanci sareupna, bakat ku tos sono kalembur, sanajan teu aya batur anu satujuan maksakeun nikreuh ka Cidaun. Alhamdulillah ngalangkungan leuweung tutupan salamet teu aya nanaon, mung bae.. nyedek ka tengah wengi, pas dugi ka hiji tegalan kirang langkung 50 meteran dipayuneunana aya anu moncorong maju, nyampeurkeun ka si paman tea, eta cenah waktos harita angen tos ratug tutunggulan, barang tos caket kirang langkung 20 meteran katinggal ngagebayna maung lodaya pedah harita bulan sapasi tos mucunghul. Teu antaparah deui eta si paman belecet lumpat sakalampet, bari milarian tangkal anu tiasa ditaekan, da puguh ditegalan anu sok dihumaan, bujeng-bujeng aya tatangkalan, anu aya rajeg teh tangkal kalapa kalapa wungkul. Terekel weh naek kana salah sahiji tangkal kalapa, muncer dugi ka puncerna, padahal eta si paman teh bujeng-bujeng muncer kana tangkal kalapa, naekan oge teu tiasaeun, atuda salira pecekrek alit. Barang tos dugi kana puncerna tangkal kalapa, nembe wantuneun ninggal ka handap, katinggal di handap eta si maung Lodaya teh roronjat arek nyusul naek, namung sorodot deui, sorodot deui, turun... Tos di puncer tangkal kalapa nembe sadar, calana cipruk ku ompol, kumaha tadi naek eta tangkal kalapa...?, ninggal kahandap eta maung masih dangah we kaluhur, ras we emut kana menta tulung, keuleuweuh we : Tulung-tulungan...., Boro-boro aya nu nguping, keur mah tengah tegalan tebih kaditu kadieu tambih-tambih wanci janari leutik, saha nu rek ngulampreng ka tegalan. Rek sahing-hingeun ceurik, ras inget...kelewung we adzan, sababaraha kali...., lami ti lami lapat-lapat dur-duran bedug subuh, saparantos rada caang, teu lami enyay-enyay sinar obor tikatebihan, jalmi-jalmi recok rek kaharuma. Direret kahandap eta maung teh tos teu aya, ngan edas kumaha turun..? atuh gorowok deui tulung-tulungan, teu lami jul jol jalema darongkap ngariung tanggal kalapa anu ditaekan ku si paman, bara tataros ; aya naon, aya naon...? Wanci carangcang tihang, nembe si paman tiasa turun tina eta tangkal kalapa kitu oge ditarulungan ku jalmi-jalmi anu bade ka huma. Janten dina awal taun 1970an di daerah pakidulan Cianjur, masih keneh aya maung Lodaya. Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@gmail.com> ceuk urang pasisian mah, sahanteuna taun 80-an ge masih kawenehan... sikandar su.wikipedia. org 2010/6/14 Waluya Aya nu kaliwat katerangan foto ieu. Maung lodaya sunda ieu ditembak di MALINGPING LEBAK BANTEN taun 1941. Sigana maung ieu kaasup maung lodaya pangakhirna nu kumelandang di pulo jawa.