karek apal, si belang beuki kadu... :P kang gun ayeuna di mana linggih?

kabeneran di tempat kuring gawe aya nu keur nalungtik lodaya sumatra.
manehna nalungtik lodaya sacara genetik, ku cara ngekstrak DNA tina taina.
bener we eung ceuk beja, maung lodaya mah gede simana. eta we, kakara nempo
taina bae, mani asa ngaroroncod... heuheu... ceuk cenah, lodaya teh
sabenerna eraan. mun kaparengkeun panggih jeung jelema, kusabab pangambeu &
panenjona seukeut, ilaharna mah sok nyingkah batan kudu amprok. mun
kacaritakeun aya nu diudag lodaya, sigana kusabab eta sakadang maung teh
kalaparan lan hayang baranghakan. anu kaalaman ku nu ngadongeng ti pasisian
garut tea ge kitu. pabeubeurang manehna paamprok jeung sakadang maung di
jalan satapak, anggang kira welasan-puluhan meterna, tapi masih atra gebay
buntutna. leungeun langsung gap kana perah bedog nu disoren, bari angger
tuur mah ngaroroncod. manehna ngarandeg, sakadang maung ngajengjen. tapi
sabot neger-neger maneh, katenjo sakadang maung leumpang nguliwed ngajauhan
jalan satapak. sanggeus yakin sakadang maung teu katenjo, manehna neruskeun
leumpang. teu lila ti leumpang, pas manehna ngalieuk ka tukang, horeng
sakadang maung ge geus jol deui dina jalan satapak. sarua deuih keur
ngalieuk ka tukang, ka manehna. atuh kusabab paamprok teuteup, duanana asa
kaisinan. gelenyu bareng papada imut, terus dipungkas ku silih gupay silih
dadahan... :P

sikandar
su.wikipedia.org

2010/6/15 Gunawan Yusuf Miarsadireja
>
>   basa taun 1980-an di Saketi, Pandeglang, Banten, harita nuju usum kadu,
> dulur misan teh keur ngajagaan kebon kadu anu di tengah leuwueng, tengah
> peuting aya kadu ngagubrag dina rungkun tangkal awi, belecet manehna lumpat
> rek nyandak kadu (bisi kapiheulaan ku batur), naha eta mah barang jol, teh
> si kadu kapiheulaan dicandak ku si belang, atuh dulur misan lumpat sakaparan
> paran,
>

Reply via email to