Istilah istilah mengbal nu aya di d'Weureuz 
(http://www.facebook.com/group.php?gid=111373472550&ref) tapi euweuh dipiala 
dunya.

1. Barut = gaganti bal buliter,bal palastik atawa bal karet anu dijieun tina 
kararas jeung bagedor cau, nyieuna dianyam atawa dirajut

2. Burut = gedena bisa sagede bal ngan teu bisa ditaplek

3. Balik Bandung = nalapung bal melentung katukang

4. Balik Sumedang = beak tol cileunyi lempeng saeutik, manggih parapatan belok 
ngatuhu bras weh

5. Babajeg = naplek tihang gul, lantaran nalapung bal ka gul lawan teu asup asup

6. Barung = naplek bal babarengan, kadang nubarung sok perepet jengkol 
jajahean,lamun bal nu ditaplekna nyalamprang kana bincurang

7. Bobotoh = nu surak,nu ngahuit, nu hitut pangtarikna mun asup bal ka gul lawan

8. Dua belas pas = lamun nek tendangan pinalti diukur heula 12 lengkah ti 
tihang gul, dipilih nulengkahna jauh meh jarakna leuwih anggang tigul

9. Dua belas rebu pas = harga tilu koloreun dicimol

10. Geber asem = bal nyangsang dina tangkal asem sisi lapang, meh murag kudu 
digeberkeun heula

11. Hahaok = nyarekan lawan lantaran nek ngasupkeun sungutna diwewelan curuk 
anu samemehna diasupkeun heula kana bujur

12. Morosot = nyekelan kolor lawan nepikeun kapegat karetna

13. Nengkas = ngait suku lawan titukang, rarasaana keur merik copet

14. Ngiihan gul = meh meunang, gul lawan dikiihan heula

15. Ngajag = pamain bek maju kahareup bakating kuhayang ngasupkeun

16. Ngalas = cicing wae dihareupeun gul musuh nungguan bal datang, kadang 
nepika nundutan da balna teu jebul bae

17. Ngelus = ngome anu sagede bal kasti bari lalajo mengbal

18. Wajib = diulang tinomer hiji dibaca 100 x, mun lulus dibere hadiah nomer 16 
mun teu lulus wayahna nomer 2

(tulisan SR meunang copas ti 
http://www.facebook.com/group.php?gid=111373472550&ref)

Kirim email ke