Gelo eta kang TUGIR...
Sikuring tepikeun ka babarakatan macana.
Edan eta ide...
Palebah aya istilah balik sumedang meni jijieunan pisan.
hahhahah



Edan!

2010/6/22 TukangGiribig <tukang.giri...@yahoo.co.id>

>
>
> Istilah istilah mengbal nu aya di d'Weureuz (
> http://www.facebook.com/group.php?gid=111373472550&ref) tapi euweuh
> dipiala dunya.
>
> 1. Barut = gaganti bal buliter,bal palastik atawa bal karet anu dijieun
> tina kararas jeung bagedor cau, nyieuna dianyam atawa dirajut
>
> 2. Burut = gedena bisa sagede bal ngan teu bisa ditaplek
> 3. Balik Bandung = nalapung bal melentung katukang
> 4. Balik Sumedang = beak tol cileunyi lempeng saeutik, manggih parapatan
> belok ngatuhu bras weh
> 5. Babajeg = naplek tihang gul, lantaran nalapung bal ka gul lawan teu asup
> asup
> 6. Barung = naplek bal babarengan, kadang nubarung sok perepet jengkol
> jajahean,lamun bal nu ditaplekna nyalamprang kana bincurang
> 7. Bobotoh = nu surak,nu ngahuit, nu hitut pangtarikna mun asup bal ka gul
> lawan
> 8. Dua belas pas = lamun nek tendangan pinalti diukur heula 12 lengkah ti
> tihang gul, dipilih nulengkahna jauh meh jarakna leuwih anggang tigul
> 9. Dua belas rebu pas = harga tilu koloreun dicimol
> 10. Geber asem = bal nyangsang dina tangkal asem sisi lapang, meh murag
> kudu digeberkeun heula
> 11. Hahaok = nyarekan lawan lantaran nek ngasupkeun sungutna diwewelan
> curuk anu samemehna diasupkeun heula kana bujur
> 12. Morosot = nyekelan kolor lawan nepikeun kapegat karetna
> 13. Nengkas = ngait suku lawan titukang, rarasaana keur merik copet
> 14. Ngiihan gul = meh meunang, gul lawan dikiihan heula
> 15. Ngajag = pamain bek maju kahareup bakating kuhayang ngasupkeun
> 16. Ngalas = cicing wae dihareupeun gul musuh nungguan bal datang, kadang
> nepika nundutan da balna teu jebul bae
> 17. Ngelus = ngome anu sagede bal kasti bari lalajo mengbal
> 18. Wajib = diulang tinomer hiji dibaca 100 x, mun lulus dibere hadiah
> nomer 16 mun teu lulus wayahna nomer 2
>
> (tulisan SR meunang copas ti
> http://www.facebook.com/group.php?gid=111373472550&ref)
>
> 
>

Reply via email to