Leres etah isteri Kang W...mendingan teu wani tibatan wawanianan
sareng nyanyahoanan... Salamet ah...

On 6/23/10, Waluya <waluya2...@yahoo.co.id> wrote:
>> mh <khs...@...> wrote:
>> Balad uing ngadongeng, yen manehna keur kuriak, kulantaran kitu
>> sementara dapur rek dijadikeun
>> keur rohangan kulawarga. Nu jadi masalah di dapur aya tabung gas
>> elpiji, mangkaning ampir unggal
>> poe dina TV sok wae aya beja tabung gas ngabeledug.
>
> Bener paur tabung gas teh, boh nu 3 kg atawa nu 12 kg. Di imah nu masang
> selang kana kompor sok ku kuring sorangan atawa ku tukang warung nu
> ngajualan gasna, pamajikan mah teu wanieun. Ngan cilaka. hiji waktu pas keur
> masak sangu, gas beak, kuring keur kaluar imah, tukang warung keur kaluar
> oge, pamajikan teu wani, akibatna beas teu jadi sangu ...hahaha, kapaksa
> proses "beas jadi sangu" teh diulang deui ti mimiti ....
>
> =WLY=
>
>

Kirim email ke