di nagara urang, naha aya kitu lembaga konsumen ? --- On Thu, 6/24/10, Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo.com> wrote:
From: Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo.com> Subject: [Urang Sunda] Obrallll....... To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Thursday, June 24, 2010, 3:35 PM Ieu mah tambi combrek we... Teu dilembur, teu di Korea, mun aya toko, mall, departement store (di Korea) ngayakeun obral (Sale..!) pasti pada nyerebu kunu balanja, anu sakapeung mah jadi sabab kamacetan jalan-jalan ka arah eta mall. Biasana mall-mall ngayakeun obral milih dinten-dinten sateu acan lebaran, taun anyar dinten-dinten saparantos para pagawe garajian. Hal ieu ngaleketek anu balanja, anu tadina niat meser dua tilu rupi barang, ari tos blus mah ka mall, ieu pikabitaeun, itu pikabitaeun, dibibitaan ku harga potongan, antukna balanjaan jadi beukah dua tilu kali lipet. Tapi ..naha enya eta harga barang-barang teh harga obral...?, naha enya barang anu diobral teh barang-barang anu masih pantes dijual..? Ieu mah urang nyarioskeun akal-akalan departement store di Korea sabaraha taun kapengker, namung harita para oknum-oknum di departement store, tos dijiwiran ku kajaksaan, saparantos kenging pangaduan ti "Lembaga Konsumen". Anu salajengna mah wallahu alam, eta oknum-oknum teh, duka di alung-alungkeun ka pangberokkan atanapi didenda ku pangadilan, kaleresan wartana teu kasaksian. Bilih we akal-akalan ieu dipraktekkeun ku mall-mall di Indonesia, da geuning tos seueur mall-mall nu aya di urang gagaduhan urang Korea. Keur barang-barang sanes dahareun, contona pakean ; 1. Ulah meser pakean anu diobral, upami urang teu terang harga waktos teu diobral. Praktekna : sapotong baju kaos harga biasa Rp. 50.000,- harga waktos obral Rp. 80.000,- potongan 30% jadi harga waktos obral Rp. 56.000,- (ieu mah samisal). 2. Pakean-pakean ekspor anu ditolak (reject) kunagara calon pangimpor, kulantaran ukuran teu pas, ngagarapna henteu rapi, kaputanana anu ramijud, kancingna aya nu teu kapasang atawa liang kancingna anu teu acan diliangan. Dina hal ieu urang kedah taliti mariksa eta barang, upami eta kakirangan dianggap jamak, nya teu nanaon bade dipeser mah. 3. Pakean-pakean anu tos mangtaun-taun digudang, dimana engke tos diseuseuh dua tilu kali sararoek. Cara milihna, ambungan eta pakean, upami teu kaangseu bau bahan, hartosna eta pakean tos lami di gudang. Barang-barang dahareun, ati-ati meser dahareun anu diobral ; 1. Tiasa janten eta kadaharan tos kadaluwarsa, titenan tanggal wates kadaluwarsana, upami tanggalna di cap ku mangsi khusus, naha aya tilas mupus atanapi henteu, upami ditempelan karetas rapet (sticker), naha aya tilas ngagentos atanapi ditumpangan (stickerna dua lapis), upami stickerna dua lapis, tangtos lapisan anu kahiji tanggal anu tos kadaluwarsa. 2. Kadaharan anu ampir kadaluwarsa, urang nyandak conto susu budak, urang terang yen budak urang nyeepkeun susu sakaleng unggal sasihna, harga biasa (teu diobral) sakalengna Rp. 50.000. Waktos obral, biasana sok diical sapaket-sapaket, anu sapaketna aya tilu kaleng kana pangaos Rp. 100.000.- padahal umurna eta susu kaleng kantun dua sasih deui. Janten susu anu sakaleng mah bangkar, dipiceun da tos kadaluwarsa. Mangga sakitu we, malah mandar janten tambihan pangaweruh kana praktek-praktek "obral" di Korea, etang-etang tambi gado ngaburayot. Pihatur, ssw. Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda