Pan aya YLKI tea ? Konsumen Indo mah langkung palinter tibatan Korea
selatan meureun. Nyaho pisan mana anu murah mana anu bohong murah.
harga barang asli nyaho, harga barang Kw-1, Kw-2 jeung Kw-3 nyaho.
meuli ti grosir/factory outlet nyaho...

On 6/25/10, Gunawan Yusuf Miarsadireja <gunawan_yu...@yahoo.com> wrote:
> di nagara urang, naha aya kitu lembaga konsumen ?
>
> --- On Thu, 6/24/10, Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo.com> wrote:
>
> From: Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo.com>
> Subject: [Urang Sunda] Obrallll.......
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Date: Thursday, June 24, 2010, 3:35 PM
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>       Ieu mah tambi combrek we...
>
> Teu dilembur, teu di Korea, mun aya toko, mall, departement store (di Korea)
> ngayakeun obral (Sale..!) pasti pada nyerebu kunu balanja, anu sakapeung mah
> jadi sabab kamacetan jalan-jalan ka arah eta mall.
> Biasana mall-mall ngayakeun obral milih dinten-dinten sateu acan lebaran,
> taun anyar
> dinten-dinten saparantos para pagawe garajian.
> Hal ieu ngaleketek anu balanja, anu tadina niat meser dua tilu rupi barang,
> ari tos blus
> mah ka mall, ieu pikabitaeun, itu pikabitaeun, dibibitaan ku harga potongan,
> antukna
> balanjaan jadi beukah dua tilu kali lipet.
> Tapi ..naha enya eta harga barang-barang teh harga obral...?, naha enya
> barang anu diobral teh barang-barang anu masih pantes dijual..?
>
> Ieu mah urang nyarioskeun akal-akalan departement store di Korea sabaraha
> taun kapengker, namung harita para oknum-oknum
>  di departement store, tos dijiwiran ku kajaksaan, saparantos kenging
> pangaduan ti "Lembaga Konsumen".
> Anu salajengna mah wallahu alam, eta oknum-oknum teh, duka di
> alung-alungkeun ka pangberokkan atanapi didenda ku pangadilan, kaleresan
> wartana teu kasaksian.
>
> Bilih we akal-akalan ieu dipraktekkeun ku mall-mall di Indonesia, da geuning
> tos seueur
> mall-mall nu aya di urang gagaduhan urang Korea.
>
> Keur barang-barang sanes dahareun, contona pakean ;
> 1. Ulah meser pakean anu diobral, upami urang teu terang harga waktos teu
> diobral.
>     Praktekna : sapotong baju kaos harga biasa Rp. 50.000,-
>                       harga waktos obral Rp. 80.000,- potongan 30% jadi
> harga waktos obral
>                       Rp.
>  56.000,- (ieu mah samisal).
>
> 2. Pakean-pakean ekspor anu ditolak (reject) kunagara calon pangimpor,
> kulantaran
>     ukuran teu pas, ngagarapna henteu rapi, kaputanana anu ramijud,
> kancingna aya
>     nu teu kapasang atawa liang kancingna anu teu acan diliangan.
>     Dina hal ieu urang kedah taliti mariksa eta barang, upami eta kakirangan
> dianggap
>     jamak, nya teu nanaon bade dipeser mah.
>
> 3. Pakean-pakean anu tos mangtaun-taun digudang, dimana engke tos diseuseuh
> dua
>     tilu kali sararoek.
>     Cara milihna, ambungan eta pakean, upami teu kaangseu bau bahan,
> hartosna eta
>     pakean tos lami di gudang.
>
> Barang-barang dahareun, ati-ati meser dahareun anu diobral ;
> 1. Tiasa janten eta kadaharan tos kadaluwarsa, titenan tanggal wates
> kadaluwarsana,
>     upami tanggalna di
>  cap ku mangsi khusus, naha aya tilas mupus atanapi henteu, upami
>     ditempelan karetas rapet (sticker), naha aya tilas ngagentos atanapi
> ditumpangan
>     (stickerna dua lapis), upami stickerna dua lapis, tangtos lapisan anu
> kahiji tanggal anu
>     tos kadaluwarsa.
> 2. Kadaharan anu ampir kadaluwarsa, urang nyandak conto susu budak, urang
> terang yen
>     budak urang nyeepkeun susu sakaleng unggal sasihna, harga biasa (teu
> diobral)
>     sakalengna Rp. 50.000.
>     Waktos obral, biasana sok diical sapaket-sapaket, anu sapaketna aya tilu
> kaleng kana
>     pangaos Rp. 100.000.- padahal umurna eta susu kaleng kantun dua sasih
> deui.
>     Janten susu anu sakaleng mah bangkar, dipiceun da tos kadaluwarsa.
>
> Mangga sakitu we, malah mandar janten tambihan pangaweruh kana
> praktek-praktek
> "obral" di Korea, etang-etang
>  tambi gado ngaburayot.
>
> Pihatur,
> ssw.
> Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  Tapi talungtik naon nu bisa
> dibikeun ka kiSunda
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>

Kirim email ke