Wanoja, Indung Manusa

Mun diibaratkeun kana logam, wanoja téh dianggapna emas. Jadi pantes mun
sacara adat ogé agama, kacirina loba aturan nu dilarapkeun ka atawa pikeun
wanoja. Cék salérét mah katémbongna siga nu ngahengker laku-lampah wanoja,
padahal boh aturan adat boh aturan agama-duanana kaci disebut étika- justeru
pikeun ngajénan jeung ngajaga diri jeung ajén wanoja. 
        Cara teu meunang indit-inditan sorangan, komo ti peuting jeung jauh,
kudu aya nu  nganteur pikeun jadi pangawal. Komo munggah haji mah,
dikudukeun pisan aya batur lalaki nu masih muhrim, jsb. Lain hartina
ngaheureutan ‘hak pribadi’ wanoja, tapi sabenerna pikeun protéksi atawa
ngalindungi, kusabab ari wanoja mah, mun diibaratkeun kana logam téh, sarua
jeung emas téa. Sedeng lalaki mah beusi. Kusabab emas, tangtu teu bisa
sagayawah. Béda jeung beusi. Di kampung-kampung baheula mah, barudak lalaki
bisa disebut teu pati dipaliré atawa teu pati dipiroséa ku kolotna. Sare di
tajug atawa di bale oge teu nanaon. Béda jeung wanoja.
        Mun noong tetempoan batur, cara Soren Kierkegaard, filsuf
néoéksisténsialis urang Dénmark, kapanggih yén nu ngaran wanoja mah, boga
ajén inajén atawa harkat nu béda unggal tahapan hirup nu kasorang ku dirina.
Nincak umur beuki ngaluhuran tah ajéna teh, alatan posisi atawa statusna ogé
robah jeung nambah. 
        Cék manéhna mah,  salaku pangantén, wanoja leuwih geulis tibatan
masih parawan. Salaku istri hiji salaki, wanoja jadi leuwih geulis, sabab
geus hirup papasangan, geus jadi pangawasa di rumah tangga. Kecap
“pamajikan” teh cenah asalna ti kecap “majik”, nu hartina cicing atawa
dumuk. Jadi istri téh nu dumuk di bumi atawa panguasa imah.     Harti beh
dieu, bisa ti “majikan”, nu hartina nya meureun dunungan atawa bos, ka saha
salaki nyetorkeun panghasilanana, jeung nu ngatur pangaluaran rumah tangga.
        Istri robah atawa nambah status jadi indung. Parobahan katara oge
dina aurana. Geura ari keur kakandungan, raray hiji istri sok cahayaan. Siga
nu méré tanda yén éta istri téh calon indung, keur ngasuh calon manusa dina
rahimna. Geus ngalahirkeun, salaku indung, wanoja jadi langkung geulis
tibatan panganten. Salaku istri jeung indung, wanoja teh éstuning nu jadi
matak dunya terus  muter mangtaun-taun kahareup. 
        Kumaha mun éta wanoja geus jadi nini? Ajéna malah beuki luhur deui
sabab jadi sumber pikeun sasaha, jadi pananggeuhan jeung tujuan saréréa. Sok
we geura, mun budak ménta duit ka kolotna teu dibéré, aya nini, pasti
lumpatna ka nini, da nini mah gedé kamungkinana bakal méré! 
        Nini atawa enin (nya aki oge sebut wé, bisi pundung) jadi tujuan
saréréa unggal mudik lebaran. Bibi, mamang, ua, kitu deui kolot sorangan,
marudik lebaran teh ka sepuhna utamana ka indungna, nya nini téa. Dina soal
kanyaah nu jadi nini ka incu-incuna ketembongna leuwih gede batan ka
anak-anakna. Pangna kitu, kahijina, nya da anak-anakna geus gedé, kaduana,
sigana nempo incu téh aya rasa waas atawa kahudang rasa, jadi panineungan
nini ka mangsa keur ngora, keur boga budak laleutik kénéh.  Ogé yen incu nu
balatak teh nu baris neruskeun katurunan.
        Munggah haji lir ibarat mudik ka nini. Deukeutna ka Siti Hajar
(garwana nabi Ibrahim), jauhna ka Siti Hawa, pasangan nabi Adam téa-
pasangan manusa munggaran di alam dunya. Ngaran wewengkon di Arab Saudi nu
pangheulana didatangan ku nu munggah haji ti sabrang,  boh nu maké kapal
laut boh nu maké kapal udara téh, kota palabuhan Jedah. Ari kecap “jedah”
teh basa Arab nu hartina “nini”. Naha wewengkon éta disebut kitu? Sabab
cenah di dinya pisan aya makam Siti Hawa. Di urang  baheula, anak nu lahir
ku cara teu sah (kolotna teu akad nikah heula), sok disebut “anak jadah”.
Sabab kalolobana baheula, si anak sok terus dikukut ku ninina!
         Salah sahiji rukun haji, nyaeta Sya’i téa, lumpat leutik ti Syafa
ka Marwah, minangka ‘napak tilas’ baheula basa Siti Hajar lulumpatan néangan
cai pikeun anakna Ismail.  Eta siloka pikeun ngajenan para ibu, indung nu
ngandung, pikeun ngarasakeun kumaha indung susah payah ngurus barudakna.
        Numutkeun hadis nabi, kautamaan indung lobana tilu kalieun bapa.
Tangtu kitu. Sabab tiindung manusa lahir, lain ti bapa nu ngan nyumbang
sperma nu ngangkut kromosom X. Cék élmu Biologi mah, manusa teh dasarna
kromosom Y, nu nyampak di indung jeung Y eta teh kromosom wanoja. Nu jadi
lalaki, katambahan kromosom X. jadi kromosom wanoja YY, kromosom lalaki XY,
hartina, sabenerna di diri lalaki, aya unsur wanoja. 
        Loba babasan nu nunjukeun kautamaan atawa muliana hiji indung.  Aya
babasan duka timana asalna (sigana ti Arab), yén “sorga teh ayana
dihandapeun dampal suku indung”. Babasan éta lain hartina naraka aya
handapeun dampal suku bapa, tapi pikeun nembongkeun yén indung teh mun
dibanding pasanganana, bapa téa, posisina leuwih utama. Kukituna mah pantes
jeung geus sawajarna mun sok aya manusa ménta hampura ka indung bari jeung
sujud atawa nyium suku indungna. Ongkoh dan pangeran moal rido ka hiji
manusa mun indung (bapa) éta manusa teu rido.
        Bakat ku luhurna ajén atawa harkat martabat indung, urang Yahudi mah
boga babasan nu aheng, “pangéran nyiptakeun indung sabab pangéran teu bisa
aya diunggal tempat.” Urang Yahudi nepi ka boga babasan kitu bakating ku
luhurna ngajénan kanu jadi indung.
        Dina babasan jeung paribasa di urang, indung loba dipaké mikeun
ngagambarkeun mangrupa-rupa perkara. Cara “indung peuting”, “indung suku”,
“ibu pare” “indung beurang”. Fitrah indung papasangan jeung bapa, jadi aya
“indung hukum bapa darigama”, “indung lembu bapa banténg”. Ka saha urang
munjung jeung muja sangkan hirup bagja, aya jurusna, nyaéta “munjung ka
indung muja ka bapa.” 
        Wanoja teh tihang nagara. Ari nagara aya tilu unsurna nyaéta
rahayat, wilayah jeung nu ngurus. Ayana rahayat jeung nu ngurus nagara  teh
apan sasatna mah dilahirkeun ti rahim indung,  Lian ti ngalahirkeun manusa,
ogé indung teh apan nu sacara tradisional jeung empiris nu leuwih loba waktu
jeung deukeut jeung barudak. Hartina, indung pisan nu leuwih loba méré
pangawaruh mangrupa atikan, utamana étika, ka barudakna. 
        Kusabab tugasna leuwih ti lalaki, nya ngalahirkeun manusa, wanoja
dibere kamampu nu jauh leuwih kuat ti lalaki. Euweuh lalaki di alam dunya
ieu nu sanggup kakandungan jeung ngalahirkeun. Sanajan kitu, kamampu wanoja
disaluyukeun jeung umurna utamana dina soal ngandung. Geus nepi ka umur nu
tangtu, wanoja eureun kareseban atawa menstruasi, nu jadi tanda pangsiun ti
kamungkinan bisa ngandung jeung ngalahirkeun. Tada teuing ripuhna mun nini
nu sepuh masih keneh ngandung.
        Rumah tangga teh bisa diibaratkeun nagara leutik. Matak indung sok
disebut ratu rumah tangga. Wanoja cék si cenah boga naluri ngurus. Leutik
kénéh oge wanoja mah geus bisa milu mantuan kolot di imah. Beda jeung
lalaki, nu geus gedé oge, loba kalakuanana  nu masih kénéh siga orok: kudu
di urus! Malah cenah aya nu nyebut yén lalaki mah orok gedé.
        Sanajan teu nalungtik statistik, ku lobana bukti nunjukkeun yén
pikeun nu kungsi hirup rarabi, papasangan mangtaun-taun terus hirup
nyorangan, wanoja leuwih kuat hirup nyorangan batan lalaki. Geura upami nini
pupus tipayun, aki téh sok tara lami ngaduda, da sok teras nuturkeun nini ka
ahérat. Sabalikna mun aki pupus ti payun, nini mah sok ngaranda teh rada
lami. Salah sahiji alesan,  sigana, sabab nini jadi leuwih santai, da
pangsiun ngurus aki. Eta nembongkeun kaayaan yen nini mah langkung kuat
batan aki, tapi aki mah, nu biasa diurus nini,  kaciri ripuh kudu hirup teu
dibarengan nini.
         


Kirim email ke