" 
Geura upami nini pupus tipayun, aki téh sok tara lami 
ngaduda, da sok teras nuturkeun nini ka ahérat............  teu kitu, da seueur 
anu_ milari " nini " sanesna  anu langkung anom tur seger .herhehehe   he.
--- Pada Rab, 14/7/10, mj <ja...@itenas.ac.id> menulis:

Dari: mj <ja...@itenas.ac.id>
Judul: [Urang Sunda] (ngacapruk) wanoja indung manusa
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Tanggal: Rabu, 14 Juli, 2010, 8:31 AM







 



  


    
      
      
      





Wanoja, Indung Manusa

Mun diibaratkeun kana logam, wanoja téh dianggapna emas. Jadi pantes mun sacara 
adat ogé agama, kacirina loba aturan nu dilarapkeun ka atawa pikeun wanoja. Cék 
salérét mah katémbongna siga nu ngahengker laku-lampah wanoja, padahal boh 
aturan adat boh aturan agama-duanana kaci disebut étika- justeru pikeun 
ngajénan jeung ngajaga diri jeung ajén wanoja. 

        Cara teu meunang indit-inditan sorangan, komo ti peuting jeung jauh, 
kudu aya nu  nganteur pikeun jadi pangawal. Komo munggah haji mah, dikudukeun 
pisan aya batur lalaki nu masih muhrim, jsb. Lain hartina ngaheureutan ‘hak 
pribadi’ wanoja, tapi sabenerna pikeun protéksi atawa ngalindungi, kusabab ari 
wanoja mah, mun diibaratkeun kana logam téh, sarua jeung emas téa. Sedeng 
lalaki mah beusi. Kusabab emas, tangtu teu bisa sagayawah. Béda jeung beusi. Di 
kampung-kampung baheula mah, barudak lalaki bisa disebut teu pati dipaliré 
atawa teu pati dipiroséa ku kolotna. Sare di tajug atawa di bale oge teu 
nanaon. Béda jeung wanoja.

        Mun noong tetempoan batur, cara Soren Kierkegaard, filsuf 
néoéksisténsialis urang Dénmark, kapanggih yén nu ngaran wanoja mah, boga ajén 
inajén atawa harkat nu béda unggal tahapan hirup nu kasorang ku dirina. Nincak 
umur beuki ngaluhuran tah ajéna teh, alatan posisi atawa statusna ogé robah 
jeung nambah. 

        Cék manéhna mah,  salaku pangantén, wanoja leuwih geulis tibatan masih 
parawan. Salaku istri hiji salaki, wanoja jadi leuwih geulis, sabab geus hirup 
papasangan, geus jadi pangawasa di rumah tangga. Kecap “pamajikan” teh cenah 
asalna ti kecap “majik”, nu hartina cicing atawa dumuk. Jadi istri téh nu dumuk 
di bumi atawa panguasa imah.         Harti beh dieu, bisa ti “majikan”, nu 
hartina nya meureun dunungan atawa bos, ka saha salaki nyetorkeun 
panghasilanana, jeung nu ngatur pangaluaran rumah tangga.

        Istri robah atawa nambah status jadi indung. Parobahan katara oge dina 
aurana. Geura ari keur kakandungan, raray hiji istri sok cahayaan. Siga nu méré 
tanda yén éta istri téh calon indung, keur ngasuh calon manusa dina rahimna. 
Geus ngalahirkeun, salaku indung, wanoja jadi langkung geulis tibatan 
panganten. Salaku istri jeung indung, wanoja teh éstuning nu jadi matak dunya 
terus  muter mangtaun-taun kahareup. 

        Kumaha mun éta wanoja geus jadi nini? Ajéna malah beuki luhur deui 
sabab jadi sumber pikeun sasaha, jadi pananggeuhan jeung tujuan saréréa. Sok we 
geura, mun budak ménta duit ka kolotna teu dibéré, aya nini, pasti lumpatna ka 
nini, da nini mah gedé kamungkinana bakal méré! 

        Nini atawa enin (nya aki oge sebut wé, bisi pundung) jadi tujuan 
saréréa unggal mudik lebaran. Bibi, mamang, ua, kitu deui kolot sorangan, 
marudik lebaran teh ka sepuhna utamana ka indungna, nya nini téa. Dina soal 
kanyaah nu jadi nini ka incu-incuna ketembongna leuwih gede batan ka 
anak-anakna. Pangna kitu, kahijina, nya da anak-anakna geus gedé, kaduana, 
sigana nempo incu téh aya rasa waas atawa kahudang rasa, jadi panineungan nini 
ka mangsa keur ngora, keur boga budak laleutik kénéh.  Ogé yen incu nu balatak 
teh nu baris neruskeun katurunan.

        Munggah haji lir ibarat mudik ka nini. Deukeutna ka Siti Hajar (garwana 
nabi Ibrahim), jauhna ka Siti Hawa, pasangan nabi Adam téa- pasangan manusa 
munggaran di alam dunya. Ngaran wewengkon di Arab Saudi nu pangheulana 
didatangan ku nu munggah haji ti sabrang,  boh nu maké kapal laut boh nu maké 
kapal udara téh, kota palabuhan Jedah. Ari kecap “jedah” teh basa Arab nu 
hartina “nini”. Naha wewengkon éta disebut kitu? Sabab cenah di dinya pisan aya 
makam Siti Hawa. Di urang  baheula, anak nu lahir ku cara teu sah (kolotna teu 
akad nikah heula), sok disebut “anak jadah”. Sabab kalolobana baheula, si anak 
sok terus dikukut ku ninina!

         Salah sahiji rukun haji, nyaeta Sya’i téa, lumpat leutik ti Syafa ka 
Marwah, minangka ‘napak tilas’ baheula basa Siti Hajar lulumpatan néangan cai 
pikeun anakna Ismail.  Eta siloka pikeun ngajenan para ibu, indung nu ngandung, 
pikeun ngarasakeun kumaha indung susah payah ngurus barudakna.

        Numutkeun hadis nabi, kautamaan indung lobana tilu kalieun bapa. Tangtu 
kitu. Sabab tiindung manusa lahir, lain ti bapa nu ngan nyumbang sperma nu 
ngangkut kromosom X. Cék élmu Biologi mah, manusa teh dasarna kromosom Y, nu 
nyampak di indung jeung Y eta teh kromosom wanoja. Nu jadi lalaki, katambahan 
kromosom X. jadi kromosom wanoja YY, kromosom lalaki XY, hartina, sabenerna di 
diri lalaki, aya unsur wanoja. 

        Loba babasan nu nunjukeun kautamaan atawa muliana hiji indung.  Aya 
babasan duka timana asalna (sigana ti Arab), yén “sorga teh ayana dihandapeun 
dampal suku indung”. Babasan éta lain hartina naraka aya handapeun dampal suku 
bapa, tapi pikeun nembongkeun yén indung teh mun dibanding pasanganana, bapa 
téa, posisina leuwih utama. Kukituna mah pantes jeung geus sawajarna mun sok 
aya manusa ménta hampura ka indung bari jeung sujud atawa nyium suku indungna. 
Ongkoh dan pangeran moal rido ka hiji manusa mun indung (bapa) éta manusa teu 
rido.

        Bakat ku luhurna ajén atawa harkat martabat indung, urang Yahudi mah 
boga babasan nu aheng, “pangéran nyiptakeun indung sabab pangéran teu bisa aya 
diunggal tempat.” Urang Yahudi nepi ka boga babasan kitu bakating ku luhurna 
ngajénan kanu jadi indung.

        Dina babasan jeung paribasa di urang, indung loba dipaké mikeun 
ngagambarkeun mangrupa-rupa perkara. Cara “indung peuting”, “indung suku”, “ibu 
pare” “indung beurang”. Fitrah indung papasangan jeung bapa, jadi aya “indung 
hukum bapa darigama”, “indung lembu bapa banténg”. Ka saha urang munjung jeung 
muja sangkan hirup bagja, aya jurusna, nyaéta “munjung ka indung muja ka bapa.” 

        Wanoja teh tihang nagara. Ari nagara aya tilu unsurna nyaéta rahayat, 
wilayah jeung nu ngurus. Ayana rahayat jeung nu ngurus nagara  teh apan sasatna 
mah dilahirkeun ti rahim indung,  Lian ti ngalahirkeun manusa, ogé indung teh 
apan nu sacara tradisional jeung empiris nu leuwih loba waktu jeung deukeut 
jeung barudak. Hartina, indung pisan nu leuwih loba méré pangawaruh mangrupa 
atikan, utamana étika, ka barudakna. 

        Kusabab tugasna leuwih ti lalaki, nya ngalahirkeun manusa, wanoja 
dibere kamampu nu jauh leuwih kuat ti lalaki. Euweuh lalaki di alam dunya ieu 
nu sanggup kakandungan jeung ngalahirkeun. Sanajan kitu, kamampu wanoja 
disaluyukeun jeung umurna utamana dina soal ngandung. Geus nepi ka umur nu 
tangtu, wanoja eureun kareseban atawa menstruasi, nu jadi tanda pangsiun ti 
kamungkinan bisa ngandung jeung ngalahirkeun. Tada teuing ripuhna mun nini nu 
sepuh masih keneh ngandung.

        Rumah tangga teh bisa diibaratkeun nagara leutik. Matak indung sok 
disebut ratu rumah tangga. Wanoja cék si cenah boga naluri ngurus. Leutik kénéh 
oge wanoja mah geus bisa milu mantuan kolot di imah. Beda jeung lalaki, nu geus 
gedé oge, loba kalakuanana  nu masih kénéh siga orok: kudu di urus! Malah cenah 
aya nu nyebut yén lalaki mah orok gedé.

        Sanajan teu nalungtik statistik, ku lobana bukti nunjukkeun yén pikeun 
nu kungsi hirup rarabi, papasangan mangtaun-taun terus hirup nyorangan, wanoja 
leuwih kuat hirup nyorangan batan lalaki. Geura upami nini pupus tipayun, aki 
téh sok tara lami ngaduda, da sok teras nuturkeun nini ka ahérat. Sabalikna mun 
aki pupus ti payun, nini mah sok ngaranda teh rada lami. Salah sahiji alesan,  
sigana, sabab nini jadi leuwih santai, da pangsiun ngurus aki. Eta nembongkeun 
kaayaan yen nini mah langkung kuat batan aki, tapi aki mah, nu biasa diurus 
nini,  kaciri ripuh kudu hirup teu dibarengan nini.

         






    
     

    
    


 



  





Kirim email ke