Kamari poe saptu jeung minggu sikuring ngadon ulin ka babaturan di Kediri
jeung budak mitoha. Indit ti Surabaya teh jam 2-an beurang, nepi ka kediri
teh jam 7 sore. Cenahmah kuduna ngan 2 setengah jam mun mawa mobil sorangan
teh. Tapi da ku alatan macet, nya jadi 5 jam, katambah ku eureun dahar heula
di Jombang. Kakara sikuring nincak ka eta weqwengkon.
Sanggeus istirahata di imah babaturan tuluy kukurilingan di kota Kediri ti
mimiti Simpang Lima Mumbul, dermaga Sungai Brantas (ngadon dahar), jeung
ngurilingan pabrik penghasil haseup (Rokok) Gudang Garam anu gedena
manghektar hektar di dalam kota.
Peutingna ngadon karokean jeung babaturan nepi ka jam 2 janari tuluy we si
kuring di ajak dugem tea di X3 da cenah sibabaturan teh boga freepass
(haratis....) nepi ka jam 3-an leuwih.
Tuluy balik bari rada palalur mawa mobil teh, da enya atuh kaayaan jam
sakitu mah traffict light teh geus pareum, jadi kudu lalaonan pisan mawa
mobil teh, bari jeunng mobil kantor pamajikan.

Jam 10 beurang, sikuring di ajak ka hiji kamung anu katelah kampung Inggris
deukeut kota Pare, mun teu salahmah Kediri beulah Kaler. Sikuring teh lapar,
tuluy neangan warung sangu. Ari babaturan kalahkah mugen diajak dahar teh.
Pokna : mahal...!
Ah sikuring teh teu pati percaya antukna turun we di deukeut warung dahar
teh. Mesen nginum Kopi Mix sa gelas jeung roti bakar ari pamajikan mah menta
jeruk tiis (es jeruk) wungkul.
Mimiti asup ka warung sikuring ngarasa rada aneh, da si eta tukang wrung teh
make bahasa inggris. Akhirna sikuring rada maklum, da eta lembur teh lembur
Inggris anu bahasa sapopoena loba make bahasa inggris. Kampung anu disisi
kota tapi loba pisan losmen jeung tempat kursus bahasa inggris.
Nya sikuring oge menta kopi teh kudu mke bahasa inggris. Nanya ,harga gening
biasa biasa wae, kopi mix sa cangkir ngan 2 rebu. Cenah : Two Thousand....
Eta si Ibu warung teh nyorocos make english euy ngajak ngobrol, nanya urang
mana, ngaran jeung pagawean. Nya atuh sikuring teh papauket mikir heula mun
rek ngajawab teh, da enya atuh sikuring teh kena englishmah rada alergi.
enya oge resep maca da ari kudu nyarita mah rada geumpeur...
Antuknamah pamajikan anu nyoros ngajawab teh, da enya manehnamah rada caang
kena bahasa urang merika teh.


cag ah...capek ngetikna.

Reply via email to