enya pisan jang dede di daerah eta wajib make basa inggris, mun urang dinya teu 
make basa inggris di dengda.
tah ayeuna geus mimiti rame mun rek diajar basa inggris loba kolot nu ngirim 
budakna ka daerah eta hehehehe
================================
TITO SURYANA - AR SURABAYA
DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II
TLP. 031 5350510
FLEXI. 031 70951507
HP. 08123548519
----------------------------------------------------------
  ----- Original Message ----- 
  From: jangdede 
  To: sunda 
  Sent: Tuesday, August 03, 2010 6:05 PM
  Subject: [urang sunda] Ulin ka Kediri


    

  Kamari poe saptu jeung minggu sikuring ngadon ulin ka babaturan di Kediri 
jeung budak mitoha. Indit ti Surabaya teh jam 2-an beurang, nepi ka kediri teh 
jam 7 sore. Cenahmah kuduna ngan 2 setengah jam mun mawa mobil sorangan teh. 
Tapi da ku alatan macet, nya jadi 5 jam, katambah ku eureun dahar heula di 
Jombang. Kakara sikuring nincak ka eta weqwengkon.
  Sanggeus istirahata di imah babaturan tuluy kukurilingan di kota Kediri ti 
mimiti Simpang Lima Mumbul, dermaga Sungai Brantas (ngadon dahar), jeung 
ngurilingan pabrik penghasil haseup (Rokok) Gudang Garam anu gedena manghektar 
hektar di dalam kota.
  Peutingna ngadon karokean jeung babaturan nepi ka jam 2 janari tuluy we si 
kuring di ajak dugem tea di X3 da cenah sibabaturan teh boga freepass 
(haratis....) nepi ka jam 3-an leuwih. 
  Tuluy balik bari rada palalur mawa mobil teh, da enya atuh kaayaan jam sakitu 
mah traffict light teh geus pareum, jadi kudu lalaonan pisan mawa mobil teh, 
bari jeunng mobil kantor pamajikan.

  Jam 10 beurang, sikuring di ajak ka hiji kamung anu katelah kampung Inggris 
deukeut kota Pare, mun teu salahmah Kediri beulah Kaler. Sikuring teh lapar, 
tuluy neangan warung sangu. Ari babaturan kalahkah mugen diajak dahar teh. 
Pokna : mahal...!
  Ah sikuring teh teu pati percaya antukna turun we di deukeut warung dahar 
teh. Mesen nginum Kopi Mix sa gelas jeung roti bakar ari pamajikan mah menta 
jeruk tiis (es jeruk) wungkul. 
  Mimiti asup ka warung sikuring ngarasa rada aneh, da si eta tukang wrung teh 
make bahasa inggris. Akhirna sikuring rada maklum, da eta lembur teh lembur 
Inggris anu bahasa sapopoena loba make bahasa inggris. Kampung anu disisi kota 
tapi loba pisan losmen jeung tempat kursus bahasa inggris. 
  Nya sikuring oge menta kopi teh kudu mke bahasa inggris. Nanya ,harga gening 
biasa biasa wae, kopi mix sa cangkir ngan 2 rebu. Cenah : Two Thousand....
  Eta si Ibu warung teh nyorocos make english euy ngajak ngobrol, nanya urang 
mana, ngaran jeung pagawean. Nya atuh sikuring teh papauket mikir heula mun rek 
ngajawab teh, da enya atuh sikuring teh kena englishmah rada alergi. enya oge 
resep maca da ari kudu nyarita mah rada geumpeur...
  Antuknamah pamajikan anu nyoros ngajawab teh, da enya manehnamah rada caang 
kena bahasa urang merika teh. 


  cag ah...capek ngetikna.

  
--------------------------------------------------
Telkom Point Rejeki Tumpah.
Sekali Libas, Rejeki Tumpah Ruah.
Kumpulkan Point dan menangkan total hadiah
milyaran rupiah + hadiah langsung.
=============================
 This Email Has been Scan by Antivirus
=============================

Kirim email ke