sok atuh jadi panitiana. bewara jeung sagalana, nyieun panitia. saha
bagean naon.

soal badagna hbh
tempat,
waktu
lalawuh
acara

acara jeung lalawuh mah bisa naon bae atawa acara naon bae lalawuh
mawa masing2 oge rame. nu kudu panceg mah waktu jeung tempatna heula

terus waragad, mun bisa papatungan, supaya masing2 urang ngarasa milu
jadi nu ngayakeun, teu jadi tamu semah.

---



On 8/24/10, sipupiw <pu...@urangsunda.net> wrote:
> Waalaikumsalam..
>
> Deudeuh hawatos teuing teu aya nu mairan nya?
> Kaci teu ku abdi dipairan?? Kaci wae panginten nya...
>
> Abdi mah alhamdulillah nj jagjag, mung pun lanceuk nu rada kirang sehat
> mah..
>
> Halal bil Halal di Kusnet duka tah, aya moal nya taun ieu? kumaha kasapukan
> urang lembur Kusnet wae panginten, pami kalersaeun nya kantun der we atuh
> ngayakeun, iraha sareng dimanana mah kantun dicarioskeun pami memang bade
> aya mah...
>
> Kitu oge kongres (ngawangkong teu beres-beres) tea, sigana jarang diayakeun
> ayeuna mah...
>
> Kunaon, kang Toni sono nya ka baraya Kusnet????
>
>
> ~ipup~
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Ongie" <toni.sof...@...> wrote:
>>
>> Assalamu'alaikum wr.wb.,
>>
>> Kumaha daramang akang aceuk sadayana...?
>> bade tumaros ari di KUSnet masih aya keneh HBH kitu?
>> ari taun ayeuna kira2 dimana sareng iraha nya?
>> asa tara kawartoskeun deui aya KONGRES oge ayeuna mah gening...
>>
>> salam,
>>
>> -ts-
>>
>
>
>

Kirim email ke