mangga atuh ka kang toni, kumaha acara HBH teh?
parantos kabentuk paniciana? supados kuring tiasa ngatur acara ti anggalna 
keneh 


--- In urangsunda@yahoogroups.com, mang jamal <mangja...@...> wrote:
>
> sok atuh jadi panitiana. bewara jeung sagalana, nyieun panitia. saha
> bagean naon.
> 
> soal badagna hbh
> tempat,
> waktu
> lalawuh
> acara
> 
> acara jeung lalawuh mah bisa naon bae atawa acara naon bae lalawuh
> mawa masing2 oge rame. nu kudu panceg mah waktu jeung tempatna heula
> 
> terus waragad, mun bisa papatungan, supaya masing2 urang ngarasa milu
> jadi nu ngayakeun, teu jadi tamu semah.
> 
> ---
> 
> 
> 
> On 8/24/10, sipupiw <pu...@...> wrote:
> > Waalaikumsalam..
> >
> > Deudeuh hawatos teuing teu aya nu mairan nya?
> > Kaci teu ku abdi dipairan?? Kaci wae panginten nya...
> >
> > Abdi mah alhamdulillah nj jagjag, mung pun lanceuk nu rada kirang sehat
> > mah..
> >
> > Halal bil Halal di Kusnet duka tah, aya moal nya taun ieu? kumaha kasapukan
> > urang lembur Kusnet wae panginten, pami kalersaeun nya kantun der we atuh
> > ngayakeun, iraha sareng dimanana mah kantun dicarioskeun pami memang bade
> > aya mah...
> >
> > Kitu oge kongres (ngawangkong teu beres-beres) tea, sigana jarang diayakeun
> > ayeuna mah...
> >
> > Kunaon, kang Toni sono nya ka baraya Kusnet????
> >
> >
> > ~ipup~
> >
> > --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Ongie" <toni.sofian@> wrote:
> >>
> >> Assalamu'alaikum wr.wb.,
> >>
> >> Kumaha daramang akang aceuk sadayana...?
> >> bade tumaros ari di KUSnet masih aya keneh HBH kitu?
> >> ari taun ayeuna kira2 dimana sareng iraha nya?
> >> asa tara kawartoskeun deui aya KONGRES oge ayeuna mah gening...
> >>
> >> salam,
> >>
> >> -ts-
> >>
> >
> >
> >
>


Reply via email to