Hapunten kasadayana, abdi teu unjuk uninga.. saking sumangetna.., terang aya wong banten mailing list. langsung bae posting tulisan. Nepangkeun abdi Rahmat Harun, urang Kapugeran (pas pengkeureun Kabupaten Lebak) lahir di Rangkas tapi turunan Menes. Resep cutat catet kahidupan sosial khususna masyarakat Lebak/Banten. `Mang Wira' mah tokoh gambaran umum masyarakat lebak nu `teu acan beruntung' ditengah pembangunan fisik nu gencar dilaksanakeun ku Kang Haji JB, manfaatna secara langsung mah masih jauh karasa ku warga Lebak (Mang Wira salah satuna), disisi nu lain masyarakat nu beruntung entah itu lantaran boga prestasi ataupun karena deuket jeung lingkaran L1 (alim nyebat opportunist mah bilih aya nu kasinggung!), omat tong pamer kakayaan/kekuasaan sing tiasa tepa salira. Kang Bonny..!, saleresna seueur tulisan-tulisan, hasil lalampahan/visualisasi masyarakat Lebak/Banten nu sanes. Kalau Kang Bonny berkenan insya Allah, nanti bade di posting deui nu sanesna.
Salam, RH --- In [email protected], Boni Triyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Muhun Mang Wira.... ai ieu Mang Wira tah saha? > > BT > > rharun <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Balik ka Rangkas, bada gawe ti pabrik Tangerang make bis Rudi , > alhamdulillah masih bisa ka udag keneh milu shalat magrib ber- jamaah > di mushola sisi ciberang pas burieun kabupaten, kabeneran imam na > anak almarhum buya Haji Romli (semoga Allah ngahampura kana sagala > kalepatanna jeung narima kana iman islamna), mani pas eta bacaan > Qur'an na (lagu jeng tajwidna) nyesep kana hate, geus kebel asana > teungarasakan suasana seperti ieu, damai pisan. > > Balik ti mushola saperti biasa ngumpul jeung anak pamajikan, mepende > anak sare.., jeung noel saemet mah kana bujur pamajikan!. Ngen > pikiran mah inget bae eta kana mantang nu kakara dibeuli di pasar > gembong balaraja balik gawe tadi. Rancana mah mun geus anak sarare, > rek meuleum mantang di imahna mang Wira di sisi ciberang. > > Imah mang Wira jauh dina disebut layak, lantai na geh taneuh, dinding > na bilik jeung hateup na kirai. Dihareupeun imahna aya amben paragi > niis, ngumpul ngawadul ngalor ngidul bari nginum kopi jagong jeung > babaturan.. sakalianlah ngahibur hate.., mun keur seru mah, kadang > kadang debatna geh alabatan anggota DPR. Barang datang ka imahna mang > Wira, geus aya mang Engkus keur ngerokan mang Dadang asup angin > ceunah geus ngangkat anggoh tadi di ciberang. > > Puguh Mang Wira na ge ka rumah sakit ! Ceuk Mang Engkus, sabarang > ditanyakeun mana Mang Wira (maksud nanya mah rek nitah nyirun seuneu > jeng meuleum mantang). > Ari kitu kunaon ?, saha nu geuring !? > Bari diselangan ku nyesep rokok gentong, mang Engkus carita. Eta nu > orok tea, pan geus dua poe panasna ngobrot teu cageur cageur !, > urang mah enggeus tadi di rumah sakit, karunya ceunah coba toong > kaditu !. Mang Engkus neruskeun penjelasanana. > > Heueuh geh, urang rek ka rumah sakit heula.. beuneur karunya urang > mah ka mang Wira, maklum dari segi ekonomi Mang Wira mah termasuk nu > kudu di tulung. Balik ka imah, ngaluarkeun motor butut menang meuli > maksa, si cikal nu geus SMP camberut bae, teu boga motor mah hese > ceunah rek kaditu ka dieu na.. komo rek les mah jauh ka mandala!, > dari pada naek angkot mahal ongkosna. > > Ngalewatan alun-alun rangkas nu megah jeung endah lampu caang > brengbrang, mobil mobil alus ngarentep bari ngaluarkan house music > (dag dig dug). Biasana mah anak na bupati geh aya ceunah nongkrong > didinya dina mobil BMWna, sound system na geh hargana beak kana 20 > jutaan mah.. (ceunah ieu mah, ja urang mah teu ngarti kanu kitu..). > Nyimpang heula ka tukang martabak dihareupeun penjara, ngabungkus > martabak bisi mang Wira can dahar naon naon. > > Datang ka rumah sakit ka bangsal dahlia khusus bagian anak, mang Wira > cindekul bae, sirahna ngarunduk, matana bintitan, jeung lecek.. rek > nanya naon jeun kunaon geh jadi teu wasa. Anakna di bangsal kelas > dua nu pinuh ruanganna, aya kana dalapanan mah sa ruangan, lengenna > di infus jeung aya selang asup kana irungna. masya Allah dina hate > urang muji.. milu ngeneskeun Terus kumaha ieu ?, urang nanya ka > Mang Wira. Puguh urang mah bingung!, urang mah pan bisa ngasupkeun > anak ka rumah sakit geh make surat keterangan teu mampu ti RT/RW > kumaha ceunah urang rek nebusan obat jag isuk.., pan teu kabeh obat > aya di apotik rumah sakit. Teu loba omong deui sesa duit menang > lembur tadi di Pabrik dibikeun ka mang Wira, lumayan jeung ngabantu > meuli obat. > > Balik ka imah kira kira jam 11 peuting lewat alun alun deui, masih > loba keneh nu narongkrong, musikna masih keneh ngajalaledug bari > jeung seuseurian.. Urang mah buru buru balik ka imah mang wira, bisi > beakeun beulum mantang.. > > Kapugeran, 08 Desember 2005 > Mang Jauhar > > NB: > Kang bonny saparakanca, usul sakeudik, ulah hilap angkat carita > penderitaan rakyat lebak baheula jamanna Bupati Adipati Karta > Natanagara-Mulatuli, supaya Kang JB (bupati urang) ka jewer ceulina, > omat ulah diturutan polah bupati bahela (ngajejek nuhandap, muja kanu > diluhureun) masih loba keneh mang wira mang wira nu lainna di > Lebak nu butuh bantuan. Tong hilap kang bonny, teu jauh ti pandopo > tempat pameran, aya mang Wira nu masih keneh bintit matana..! > > > > > > > > > Tetap Semangat Mencintai Banten! > > > > SPONSORED LINKS > Indonesia visa Indonesia phone card Indonesia calling card Indonesia travel Bali indonesia Indonesia > > --------------------------------- > YAHOO! GROUPS LINKS > > > Visit your group "wongbanten" on the web. > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > > > --------------------------------- > > > > > > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> AIDS in India: A "lurking bomb." Click and help stop AIDS now. http://us.click.yahoo.com/VpTY2A/lzNLAA/yQLSAA/vbOolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Tetap Semangat Mencintai Banten! Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/wongbanten/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
