Mang Bedjo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 Ku kituna sim kuring hoyong ngusulkeun kumaha upami  Paguyuban Pasundan wae 
urang resusitasi? Pan parantos aya platformna,  sareng parantos aya sejarahna. 
>>>>>

Haturan Kang Bedjo, Kang MGT, oge baraya sanesna,

Wiljeng tepang Kang. Rek mairan ti kaanggangan... aya alusna diskusi antar 
milis yeuh. Keun ... aya Kang MH anu getol pulang anting ;))

Ari ceuk kuring mah asa kuranh hade lamun PP dijadikeun partey politik. Bakal 
loba duk dek na. Keun bae PP mah sina nguruskeun masalah 'pendidikan'jeung 
urursan sosial sejen na. Apan ieu urusan teh geus jalan... lamun asup kana 
ranah politik apan bakal aya paadu kapentingan. Logika popolitikan jauh bumi ka 
langit jeung logika organisasi sejen na.

Usul kuring mah, aya ku KEUKEUH nya he he he.... US kudu ngadegkeun organisasi 
politik anu boga ideal kasundaaan. 

Argumen anu nyebutkeun yen US kudu make kandaraan partey sejen na. Kuring ge 
satuju... tapi aya dua ganjelan. Hiji, bisa henteu aspirasi US diasupkeun kana 
kandaraan batur. Nepi ka kiwari buktina apan nihil keneh. Dua, urusan 
prioritas. Sigana mah lamun agenda kasundaan bisa asup oge kana agenda partey 
batur, paling copek ge dina urutan anu pang pandeurina. 

Lian ti kitu, daek teu disakompetdaunkeun jeung partey2 nu geus aya anu 
dianggap korup? 

Argumen kuring dina raraga ngadegkeun partey Sunda: (keun bae malikan deui 
dongeng posting tiheula oge nya!)

1. Urang kudu boga kandaraan sorangan (kaasup supirna) anu bisa nangtukeun 
jeung ngaagendakeun kapentingan2 bangsa urang sorangan. Tong jauh2... di 
wilayah politik Tatar Sunda (DPRD I/II). Keun bae urusan nasional mah bakal 
kasampeur sorangan lamun program2 partey na jalan.

2.Macaan warta2 dina koran. Elektorat US tradisional anu jadi golput, sigana 
mah bisa ditampung ku partey Sunda. Sabab program jeung ideologina ge apan 
Sunda lin? Sigana mah masih loba keneh 'pamilih' urang Sunda anu bisa ditarik.

Masalah SORA Sunda tea:

Enya kitu. Sora Sunda teu kadenge... boh nasional boh regional. Lain... US teh 
teu pireu jeung teu torek! Ngan sok tingkecewis di tukang, katambah 
haharewosan! Nya moal kadengeeun ku batur. Lamun aya partey mah, apan sarua 
jeung 'sapéker' eta teh. Tah ngaaliwatan 'pengeras suara' partey.... atuh 
meureun bisa kadengeeun ku batur.

Kang MGT ngadongengkeun perkara inohong anu rek ngadegkeun partey anu nepi ka 
ayeuna can prak keneh. Ari ceuk kuring mah, urang (generasi ngora) tong kudu 
nungguan alpukah nu sejen. Sigana mah ka saha bae anu boga kamapuhan (bakat 
politik), kahayang jeung kawani kudu geura prak we ngadegkeun ieu organisasi. 
Kuring ge daek lah mantuan saeutik2eun mah! Paling henteu surak2 wae mah bisa 
da he he he...

Lamun baheula Soekarno mandeg mayong rek ngadegkeun PNI, sabab loba teuing 
mikirkeun waragad jeung tetekbengek na, sigana mah RI ge moal ngadeg nepi ka 
ayeuna ge tah. 

Atawa harita miluan kana infrastruktur kaparteyan kolonial, bakal siga kumaha 
nya hasilna?

Waduhh... loba teuing ngabulaehna yeuh.






Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL
                
---------------------------------
 Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke