Mang Bedjo, Kang Dian, Kang Yan, sareng nu sanesna.

Ieu mah kanggo bahan tambahan informasi wae. Naon nu didugikeun ku Mang Bedjo, 
rehna aksara Bugis mirip sareng aksara Sunda Kaganga memang leres kitu, mangga 
tiasa dititenan di situs ieu: http://www.ancientscripts.com/index.html. Ieu 
situs rada lengkep oge midangkeun perkara "sistem tulisan" lengkep sareng 
historisna. 

Hususon aksara Bugis tinggal di dieu: http://www.ancientscripts.com/bugis.html 
tiasa dibandingkeun sareng aksara Sunda nu aya di dieu: 
http://www.sundanet.com/artikel.php?id=233

Ngan bae, jigana aksara Bugis no tos diregister dina unicode masih kukuh kana 
wanda nu aslina, teu katinggal tambahan konsonan anyar. Mangga bandingkeun:

Bugis
ka ga nga ngka pa ba ma mpa
ta ta na nra tja dja nja njtja
ya ra la wa sa a ha.

Sunda:
ka [qa] ga nga ca ja [za] nya
ta da na pa [fa] [va] ba ma
ya ra la wa sa [xa] ha [kha] [sya]

Dina aksara sunda aya tambahan nu dikurungan [qa], [za], [fa], [va], [xa], 
[kha] jeung [sya]. Duka naon anu jadi tinimbanganan dina aksara Sunda make 
kedah ditambahan konsonan anyar. Naha pikeun sasadiaan nyerep kecap basa 
deungeun, wallahualam. Manawi aya baraya nu apal?

Salam,
MH

Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     Mang Bedjo ndph,
 
 Sakaterang abdi, aksara-aksara nu aya di Nusantara umumnya kagungan moyang 
nyaeta aksara Brahmi nu aya di India kuno. Tiasa ditingali di 
http://en.wikipedia.org/wiki/Brahmic_script , diantawisna aya aksara: Batak, 
Jawa (Carakan), Sunda, Bugis
 
 Aksara Sunda Kuna nyalira dipercanten henteu langsung turun ti aksara Brahmi, 
nanging aksara Brahmi nurunkeun heula aksara Palawa / Pra-Nagari
 heula (jaman karajaan Tarumanagara), teras nembe diturunkeun kana aksara Sunda 
Kuna (jaman karajaan Sunda - Galuh). Teras wae antawis 1996 dugi 2003
 kamari diturunkeun deui janten aksara Sunda Baku bari ditambihan wianjana 
enggal, nyaeta qa, fa, xa, za, kha, sareng sya.
 
 Ari urut-urutan ka ga nga dst.. rupina kawitna tina aksara Brahmi nyalira (
 http://en.wikipedia.org/wiki/Brahmi). Nu matak urutan aksara Sunda siga urutan 
aksara Bugis.
 
 ---
 Aksara Bugis minangka aksara nusantara kahiji anu lebet kana standard Unicode, 
nyaeta di Unicode versi 4.1. Ieu conto dokumen proposal waktos
 aksara Bugis lebet kana Unicode 
http://std.dkuug.dk/jtc1/sc2/wg2/docs/n2633r.pdf
 
 Aksara Jawa sareng Bali nyusul bakal lebet dina Unicode 5.0. Duka aksara Sunda 
Baku bakal lebet Unicode ka sabaraha da gempungan pikeun nangtoskeun
 Unicode 5.0 teh ayana sasih Februari anu bakal datang.
 
 Teras, sistem operasi Windows Vista saurna tos ngadukung Unicode 4.1, janten 
aksara bugis mah tos bakal tiasa dianggo kalayan langkung tumaninah. Tah, 
saupami aksara Bugis anu tos lebet Unicode lami nembe ayeuna lebet Windows, 
iraha aksara Sunda, nya? :)
 
 Baktos,
 -Dian-
 
 
 On 09/01/06, Mang Bedjo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 > Parakanca,
 >
 > Kaleresan pun ambu teh urang bugis, nangging wargina linggih lami di
 > Makassar. Susunan aksara sunda Ka ga nga, ca ja nya, ta da na, pa ba ma,
 > persis pisan sareng susunan aksara makassar nu diajarkeun ka sim kuring.
 >
 > Hurup hurup anu aya di Sundanet oge rupina benten sareng hurup anu diajar
 > guru ka sim kuring nuju SD sareng SMP nyaeta anu cacarakan. Langkung caket
 > ka hurup bugis gaya "serif"na.
 >
 > Ku anu nyerat artikel di sundanet ditelakeun yen asalna urutan aksara teh > 
 > tina rupi rupi sumber, kaasup kawi sareng qur'an. Dupi parakanca aya anu
 > terang tina tradisina ti mana asalna susunan eta, sareng kumaha asalna > 
 > tiasa
 > sami sareng anu ti Makassar?
 >
 > Hatur nuhun,
 > Mang Bedjo
 
 



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                
---------------------------------
Yahoo! Photos – Showcase holiday pictures in hardcover
 Photo Books. You design it and we’ll bind it!

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke