Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:      Tapi, keun bae-lah. Anggap bae 
sumanget jeung nilai teh eta-eta keneh. Ongkoh, mun sumanget teu didadasaran ku 
nilai, sumanget teu puguh tea meureun ngaranna. Sabalikna, mun nilai euweuh 
sumangetna, keur nanahaon? Matak disebut nilai ge, meureun, pedah aya 
sumangetna. >>>>>>>>>>

Kang MGT,

Rek pipilueun, lain bisa atawa nyaho.... ieu mah sakadar ngadubako tanpa 
kekebul we lah. 

Akur Kang. Urang gebruskeun we jadi hiji: niley=sumanget. Apan ari 
seuhseuhanana mah sarua, nyaeta hal2 anu aya patula patalina jeung jiwa budaya. 
Dina hal ieu budaya Sunda.

Balik kana masalah forum Sunda internet. Nya kitu pisan, sagala rupa anu 
diobrolkeun dina mimilisan teh apan aya sambunganana jeung kahirupan urang 
SUnda. Aya nu langsung... aya nu teu langsung. Kauntungan forum milis teh 
deuih, lian ti demokratis teh (rek nulis naon be kaci!) apan kacida LANGSUNG 
na. Moal aya redaksi anu garah geureuh sabab teu saluyu jeung patokan (naon bae 
oge).

Dina forum, hiji ideu bisa mekar atawa langsung kuncup. Kumaha reaksi na 
balarea di forum. Ieu ge apan loba pisan guna na, lamun teu keur saayeunaeun 
nya meureun keur jaga. Saha nu nyaho.

Aya kitu hubunganana jeung niley budaya SUnda? Nya puguh, sabab anu nulisna 
Sunda, publikna Sunda, make basa Sunda! Piraku make niley anu sejen mah? Sagala 
rupa anu dipostingkeun sarua jeung eunteung budaya Sunda. Kabeh jalma anu aktif 
dina milis kasundaan PASTI boga kanyaah kana niley budayana. 

Jadi tong digurah-geureuh, lamun aya jalma anu BEDA kahayang, beda cara 
cumarita na, beda gaya na. SAbab lamun ditengetan leuwih jero mah, tujuan na ge 
pasti sarua: hayang make jeung ngamajukeun budaya Sunda (deui)!

Asa hanjakal, forum2 siga kieu teh masih keneh kaitung kurang ceuk kuring mah. 
Masih keneh bisa diitung make leungeun jumlah milis anu make BS teh, padahal 
pamake BS teh kaitung rempeg (keneh). Padahal loba pisan masalah (ka)Sunda(an) 
anu bisa dimiliskeun.

Tos aya nu pirajeuneun ngadata jumlah milis anu make BS?



Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL
                
---------------------------------
Yahoo! Photos
 Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, 
whatever.

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke