From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Di kota Tulua, Kolumbia, aya rencana ngawajibkeun kondom keur lalaki > anu umurna saluhureun 14 taun! Hehehehe .......... aya-aya wae. Kang RH di lembur urang mah ayeuna keur "hog-hag" perlu henteuna ATM Kondom. Tepi ka dinten ieu di Bandung ATM Kondom teu acan aya, iwal di Kantor BKKBN ( keluarga Berencana) keur conto. Seueur nu nolak, da cenah bisi "disalah-gunakeun" ku barudak rumaja. Jadi pabaliut puguh ge. Ceuk anu icikibung dina kasehatan ATM kondom teh perlu, keur nyegah supaya HIV/AIDS supaya ulah nyebar. Ceuk kaum "moralis" eta mere jalan kana seks bebas. Ngan kuring mah rada condong kana pamandegan kanu icikibung dina kasehatan, kondom jeung ATMna perlu, sabab lamun eta panyakit geus nyebar kamana-mendi, meureun bahaya pisan. Perkawis sex bebas, rada lieur ngadefinisikeunana. Da buktina di lembur urang oge soal sex bebas ieu teh aya, lain di nagara barat wae. Buktina? loba nu teu kawin tapi kumpul kebo, da cenah geus sah ceuk agama mah (sok disebut "kawin siri"). Anehna "kawin" model kieu, teu disebut seks bebas, padahal mah ceuk kuring mah sami mawon. Lamun kawin rek enggeusan, cukup neangan saksi dua urang, terus nyarios, "maneh ditalak ku urang". Beres ....sah, jeung bisa kawin deui kanu sejen (lamun geus leuwih ti opat!). Tah kawin model kieu, kan kawin "sembarangan" ............, kumaha lamun lalakina atawa awewena geus keuna ku panyakit HIV/AIDS? nyebar tah panyakit .............. Tos heula ah ......................ke disambung deui, komputerna parebut jeung budak, rek ngagawekeun PR cenah ....... Baktos, WALUYA http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
