Saleresna rada sararieun rek nyerat ieu teh, ngan panasaran ari teu tulas-tulis teh. Kuring kungsi maca, duka dina naon, hilap deui, nu jelas tulisan eta teh jigana tina versi Nasrani Jeung Yahudi ( Perjanjian Lama). Ceuk artikel eta ( ....ke lamun teu lepat mah tina ensiklopadia Encarta versi CD kitu?), Abraham (Nabi Ibrahim) teh istrina Sarah sareng gaduh "slave" nu aslina urang Mesir nyaeta Hagar (Siti Hajar). Tina bojo Sara, Nabi Ibrahim teu gaduh-gaduh putra wae. Tapi ti Siti Hajar anjeunna gaduh putra Ismail. Saatos gaduh putra ti Siti Hajar, nembe Siti Sara ngandeg, nya ngalahirkeun Nabi Ishak.
Upami nyebatkeun Nabi Ishak putra tunggal, jelas didieu, aya rasisme. sabab hartosna versi ieu teu ngangken Siti Hajar istrina Nabi Ibrahim, tapi ngan saukur "slave" alias budak belian, etnikna oge benten boh sareng Nabi Ibrahim atanapi sareng Siti Sarah. Versi ieu langkung nonjolkeun Nabi Ishak nu akhirna nurunkeun urang Yahudi, nu nganggap maranehna bangsa pilihan ti Nu Kawasa. Nabi Ismail, ceuk buku "Sajarah Islam" karangan Prof. K. Ali, akhirna nurunkeun urang Arab. Ka'bah didamel ku Nabi Ismail sareng Nabi Ibrahim. Ka'bah, ti sateucanana Islam lahir (jaman Pra Islam), parantos jadi puseur ritual kaagamaan keur urang Arab. Ritual ieu dilakukeun sataun sakali jeung disebat "Haji". Janten, ceuk buku ieu mah, istilah 'Haji" teh, parantos aya ti jaman pra-Islam. Ritual kaagammaan "Haji" di jaman pra Islam, dilempengkeun deui ku Kangjeng Nabi Muhammad, supaya leres deui sapertos di Jaman Nabi Ibrahim sareng Nabi Ismail. Ah ...........punten bet ngacapruks deui wae ............mangga manawi baraya anu sanes aya nu langkung terang? Baktos, WALUYA Kang Kumi nulis : Kakara kaayeunakeun mindeng manggihan padungdengan kieu teh, baheula mah kurang wawasan tea tuda... Najan kuduna mah leuwih telik nalungtik ngeunaan hal ieu, keun bae urang anggap yen pedaran2 nu didugikeun ku Abd Moqsith ieu (Arab-Inggris ieu mah, hehe...) valid. Tapi, aya hiji sual. Kutipan PL di handap nyebutkeun yen nu dipenta sangkan dipeuncit teh Ishaq, putra tunggal Kangjeng Nabi Ibrahim a.s.. Padahal, samemehna geus eces yen Ishaq teh putrana nu kadua, sabab nu cikal mah Ismail. Kumaha nya? http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
